Deudeuh Teuing Sunda
Hiji
mangsa nu keur kalakonan ayeuna,
ngawangkong
dua jalma,
hiji jalma teu
boga sifat cukup ku beuteung sorangan seubeuh,
teu cukup ku
boga baju jang sorangan weuteuh,
teu cukup jang
sorangan wungkul..
Manehna malire
ku hatena dulur-dulur sunda nu sejen,
nu hirup teu
ngajeujeuh..
Kang kuring peurih nempo
tatangga-tatangga di lembur nu atog-atogan neangan beas jang dahar anak
pamajikana sakalieun..
Dahar cukup ku
aya sangu wungkul,
deungeuna asal
aya uyah jeung cengek..
Nu hiji nyarita..
Maenya? Ceuk
nu hiji nu cicing di kota..
Bener
kang,loba pisan kulawarga nu ripuh kitu,
kuring nempo
sorangan,
kuring wawuh
jeung kerep tepung jeung maranehna,
eta
tatangga-tatangga kuring..
Manehna
nyarita bari dareuda.
Urang kota
ngan saukur nyebut maenya da teu kungsi ngalaman,
teu kungsi
neuleuman.
Teu
kaburu,atawa ngarasa lain urusana.
Kuring oge
kungsi ngalaman kang,
peurih pisan,
kuring kerep
nyalahkeun Nu Kawasa,
bet kudu
ngalaman jiga kieu..
Kuring
ngalaman ngumpulkeun saleter-saletereun beas jang dahar barudak.
Duh
gusti,peurih..
Anak batur
jalan-jalan marake pakean alus,
na anak kuring
kudu nungguan kuring balik kakara manggihan beas?
Ya Allah..
Manehna
cirambay..
Urang kota
neuteup teu ngarti naon nu ku urang kampung karasa..
Kuring kungsi teu bisa balik mang
wulan-wulan kusabab teu manggihan rejeki jang meuli beas kang..
Bari
duka teuing anak pamajikan di lembur kumaha..
Duh Gusti
Allah,
hampura
anaking,
bapa geuning
teu bela,
bapa geuning
teu wasa..
Bari
cimatana beuki rosa,
dadana sesek
nahan nalangsa..
Terus
kumaha? Ceuk urang kota
nanya..
Rada karasa
nempo kitu mah,
kajeun can
kungsi jeung teu kabayang ngalaman.
Untung anak
pamajikan kuring istuning soleh,
sabar jeung
tawekal ngalakonannana..
Beuki rembey
ku cimata inget ka budakna,
budak nu teu
boga dosa,
budak nu ukur
nuturkeun nasib indung bapana..
Kajeun
sangsara,kapaksa milu kabawa-bawa..
Eta conto
kulawarga kuring wungkul kang,
teu jauh jeung
nu kaalaman dulur-dulur di lembur,
dulur-dulur nu
nyicingan tatar sunda ieu..
Ceuk urang
lembur bari hatena rarasaan bubuk
inget kanu di lembur.
Nepi ka
kituna?
Sugan teh teu
kitu-kitu teuing?
Kuring kakara
ngadenge langsung ti anjeun,
nu ngalaman ku
sorangan..
Urang kota
ngomong bari dareuda..
Duh Gusti abdi
kamana wae salami ieu..
Nyuhunkeun
dihapunten abdi Gusti..
Abdi salami
ieu teu malire dulur-dulur abdi nu ngajajar di sisi kubur..
Ya Allah..
Hatena
ngalengis..
Milu nyeri..
Jadi hayang
anjeun naon?
Urang kota
nanya..
Urang kampung
ngahuleng,
neuteup panon
urang kota,
neangan
katulusan dina matana..
Akang urang
sunda?
Malik nanya
manehna..
Nya puguh ceuk
urang kota rada kerung..
Akang hirup di
mana?..
Di kota,
sarua di
daerah sunda keneh.
Urang kota
beuki teu ngarti..
Akang jadi
naon?
Jadi pamingpin
di perusahaan anu..
Atasan aya?..
Aya..
Urang mana
kang?
Urang anu..
Oh..
Urang kampung
nyeletuk..
Akang teu
hoyong jadi pamingpin nu pang luhurna?..
Ah,teu mungkin
cenah ceuk urang kota..
Kuring teu
loba kahayang,
asal cukup jang
kulawarga seubeuh,
mobil,imah,pakean
weuteuh..
Ceuk urang kota..
Oh,
ceuk urang
kampung nyeletuk deui..
Tapi ari
ngadenge carita anjeun mah kuring asa muriding..
Kuring ngan
ukur mikiran diri sorangan,
ngahiji jeung
ngumpul jeung babaturan nu sapantar..
Asa geus loba
jasa ka bangsa padahal geuning loba keneh pisan nu katalangsara..
Da ketang kuring oge ngan ukur
ngaula,kajeun di lemah cai sorangan..
Asa batur nu
boga ieu lemah cai ayeuna mah..
Urang kampung
bingung,
urang kota
bingung,
kuring oge bingung..
Ieu nagri nu
kungsi digedekeun ku Siliwangi..
Istuning
rahayatna geus hirup sorangan-sorangan..
Nu di luhur
ngumpul di luhur,
nu di tengah
ngumpul di tengah,
nu di handap
aduglajer kukumpul jeung kokoreh..
Nu mingpin
saha?
Nu jelas lain
urang sunda.
Kunaon?
Sabab cukup
manehna beuteung seubeuh,
imah weuteuh..
Kajeun ngan
ukur ngaula ka batur..
Deudeuh
teuing,urang sunda nu hirup nyewa di tatar sunda..
Urut Siliwangi
kamana?
Teuing atuh da
euweuh nu suka..
Nepi
ka iraha?
Nya salilana da
diajak ngahiji ge tetep ngarasa kudu beda,
nepi ka
nangtang pedah teu sarua..
Sunda nu ukur
bisa ngaula..
Siliwangi
bakal ceurik teu euih-euih nempo rahayatna paburantak..
Deudeuh Teuing
Sunda
Anggur
mah akur kajeun beda,
anggur mah
akur kajeun teu sarua,
da beda mah
teu matak cilaka,
mun papisah nu
matak cilaka.
Hayu urang
ngahiji deui,
rek nu ngaku
turunan Banten,Cirebon,Bogor,Subang,Sumedang,Garut,
jeung
sajabana.
Mun ngarti
carita kuring,
telek yen
anjeun sunda..
Geura ngahiji
kajeun cara urang-urang bareda..
Keun we et
amah urusan Nu Kawasa..
Ngamimitian
heula ku rasa sarua ti sunda..
Teangan nu
saruana,
ulah neangan
heula bedana diantara urang-urang..
Geura nyaring
atuh sunda..
Na bet
hese-hese teuing ngageuing urang sunda nya..
Ah
kajeun,sugan we bisa..!