hatur nuhun anu kasuhun, Salajengna, dina raraga mayunan dinten2 nu suci, simkuring neda nyucikeun diri, bilih kantos kasisit kana ati kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababak catur, tawakupna nu kasuhun, hapunten tina samudaya kalepatan. Wilujeng puasa ramadhan. Wassalam
--- On Tue, 9/16/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] Zakat fitri: Ku kadaharan atawa ku duit? To: [email protected] Date: Tuesday, September 16, 2008, 6:50 AM Kang Dadi mugia ulah alit manah, sok we nyerat deui teu naon2, malian mah pentng pisan eta seratan; nya eta kanggo inventarisasi sabaraha atuh seueurna bentenna A saeng C ssd Pan urang teh kedah lega ambahan tea. Moal oge lega ambahan mun teu aya kanyaho; mo aya kanyaho atanapi kabisa mun urang teu ningal nu sanes. Kitu tah.. Mangga. --- On Tue, 9/16/08, Dadi Kurniadi wrote: Mugia Allah nuduhkeun jalan sareng pemahaman nu leres mungguh Allah (sanes ceuk prasangka urang). Dina hal ieu teu aya pemaksaan masalah pemahaman. Hal ieu saukur postingan hungkul, ngemukakeun�naon anu ku urang ka uninga jeung ka kaji. Bilih Abah atawa kang Tito aya postingan sanes, sumangga geura posting, tapi sakali deui Asup atawa henteu kana pamikiran urang, ukur Allah nu maparinan jalan. Bilih aya kecap simkuring seolah2 maksa atanapi nyinggung paraosan, mugia jembar hapunten na.

