Deudeuh Teuing Manusa
Naha ku araraneh ari
manusa,
sakapeung
ngaku makhluk nu paling mulya,
ari kana keris
sok ngamulya-mulya,
kana cingcin
sok ngamulya-mulya,
kana kuburan
eyang anu sok ngamulya-mulya.
Naha ku araraneh ari
manusa,
sakapeung
ngaku makhluk paling pinter dirina,
ku setan
beunang ka olo jeung kabobodo kanyataana,
jadi
sabenernamah setan leuwih pinter batan manusa.
Naha ku araraneh ari
manusa,
ka kabeh jin
nganggap mawa mamala,
padahal geus
disebut ki Nu Maha Kawasa,
jin jeung
manusa tugasna sarua.
Naha ku araraneh ari
manusa,
ngagulkeun
dirina teu make kira-kira,
asa aing
sorangan nu nyicingan ieu semesta,
nepi ka poho
makhluk ciptaan Allah nu sejena.
Ku rosul teu
diajarkeun adigung adiguna,
teu diajarkeun
nyangka goreng ka sasama,
teu diajarkeun
asa pang aingna dina elmu agama,
atawa ajaran
islam nu katarima ku kuring beda.
Wallahu’alam.