Sampurasun, Simkuring hoyong ngiringan tiasa teu,pami aya biayana sabaraha tah biayana?
hatur nuhun s4d3w4 --- In [email protected], "Badrudin" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng siang baraya, > > Warta nu pangenggalna tina rencana HBH KUSnet 2008 nyaeta : > > InsyaAlloh HBH bakal diayakeun di Jatiluhur, ngeunaan acara memang > HBH nu bakal datang ieu formatna rada benten sareng HBH nu atos- atos. > HBH nu bakal datang ieu (urang sebut silaturahmi we nya, ari HBH mah > bisi aya nu nyebut sandekala) heuheu > > Acara silaturahmi ieu rencana na bade diayakeun ping 4-5 oktober > 2008 dinten saptu malem minggu nu acara intina nyaeta ngendong malem > mingguan, kongres bari menikmati domba guling (kambing guling) + > dipirig ku kacapi suling, aya oge acara beubeuleuman bari ngopi > atanapi ngeteh ssjb, jadi acarana santey pisan, cocoklah kanggo > baraya nu sadidinten sibuk mikir bari meres otak tepi ka garing. > > Kanggo acara ieu panitia tos nyiapkeun dua wisma kanggo ngendong, > makan malam (kambing guling/sate + beubeuleuman), sareng sarapan > kanggo dinten minggu enjing. > Ku ayana rencana silaturahmi ieu si kuring sareng rengrengan panitia > ngaharepkeun pisan partisipasi ti sakumna baraya, saha-saha nu bade > sumping ka acara ieu mangga geura daftar supados panitia gampil > nyiapkeun sareng utang-itung sagala nu diperlukeun. > Atuh bilih aya nu bade nyumbang mangga ulah isin-isin. > > Kanggo nu bade daftar tiasa nga-reply email ieu (tambihan daftar > dihandap) atanapi tiasa oge ngajapri ka email si kuring > ([EMAIL PROTECTED]) ka kang Dikdik ([EMAIL PROTECTED]) ka the Imas > ([EMAIL PROTECTED]) atanapi tiasa oge telp atanapi sms ka nomer > si kuring 021-32923678, 0813 8096 5991 ulah hilap sebatkeun baraha > urang nu bade sumping. > > Rupina sakitu heula warta ti si kuring, InsyaAlloh setiap aya > perkembangan ngeunaan acara Silaturahmi ieu engkin di alungkeun ka > milis, hapunten pami aya seratan nu kirang merenah. > > Dugi ka danget ieu nu tos daftar nyaeta : > > 1. Apih Siddik Sakulawargi > 2. kang Dikdik > 3. the Imas > 4. si kuring (badrudin) > 5. kang Toni Sofian > 6. kang Panzi + si cincya nyah > 7. neng Gia (Mattel) > 8. neng Mia > 9. neng Evi + si yayang nyah > 10. Wa Tito (sakantenan pulang kampung) > 11. kang Ndoell > 12. kang Ikmal > 13. kang Kamal > 14. kang Kumi sakulawargi > 15. kang Iim > 16. the Tien (ipeuting) > 17. neng Iva (mojank_akank) > 18. kang Bohay > 19. neng Litha > 20. ..? > 21. ..? > 22. ..? > 23. ..? > 24. ..? > 25. mangga ah geura tambihan > > Jatiluhur.. jatiluhur.. jatiluhur . > Hayu ah urang ramekeun acara silaturahmi ieu > > > Bdn. > -kanggo kang Dikdik + teh Imas mangga ah tambihan >

