Untung weh aya sidak ti anu berwajib anu matak katohyaan aya salah
sahiji pasar modern anu ngajual daging buruk anu tangtu bakal
nyangsarakeun rahayat. Beu ambeu, masing kade weh atuh ibu2 upami
balanja, masing taliti samemeh barang beuli. Jaba arek boboran siyam
deuih. Ayuh para dulur2, wayahna urang aping masing tarapti ibu2 anu
rek balanja bahan2 kaperluan lebaran. Kapan aya keneh hayam tiren anu
dijual najan bari susulumputan oge kapan katohyaan di Tegal tea.
Nurustunjung temen, ka anu sok dagang bari nipu mah. Kumaha atuh?