tahhhhh geuningan... padahal tadina mah abi oge bade ngarekomen kang dian,
da anjeunna ayeuna nu nyepeng batam teh...
geuningan tos wanter nyalira pendak sareng anjeunna.... :D

beu... eta hayam aya ku baraong nya... masih ngalencar keneh wae,
jeung eta deuih make nempokeun ka baraya KUSNET sagala... ngerakeun..!!

Puguh kang tan... batam mah tata kotana asa ramijud pisan,
komo masalah drainase mah, ancurrr we lahhhh...
sok we geura dipasihan hujan ageung sakedap, pasti banjir...

euleuuuhhhh... geuningan eta tos ngaraosan hayam batam,
ngan ieu mah hayam bakar nya...?? hehehe...

-Panzi-


> Baraya,
> Alhamdulillah. Diparengkeun kuring bisa ka Batam. Daerah anu mang
> taun-taun
> digeugeuh ku Kang Panji anu "bandar hayam" tea. Sok sanajan ayeuna Kang
> Panji geus teu di Batam deui, tapi tapak lacakna masih katinggali,
> khususon
> dina bab perhayaman anu teu ka ampihkeun basa anjeuna ka Bandung.
>
> Moal didongengkeun detil kumaha papanggihan kuring di wilayah Nagoya,
> Harbour bey, Batu Ampar, jrrd dina masalah perhayaman mah. Rumasa teu aya
> lisensi ti nu ngageugeuhna. Jeung deui, sacara teknis oge kuring semet
> manggih wungkul—lain manggihan (catet: "manggih" mah bisa jadi teu kahaja;
> "manggihan" mah ngahaja).
>
> Ceuk pamanggih kuring, Batam teh hiji kota anu lebar pisan dina hal
> tatakotanya.  Asa rada acak adut. Punten ka anu ngageugeuh Batam, teu
> maksud
> sentimen. Pedah bae mun kota ieu desainna teges ti awal pasti Batam bisa
> leuwih punjul batan ayeuna.
> Naon contona: (1) Area pemukiman anu teu ngonsentrasi di hiji area anu
> beda
> jeung area produksi saperti pabrik; (2) seueur pisan tempat balanja anu
> teu
> gaduh tempat parkir anu layak; (3) jalan-jalan anu sigana teu dirarancang
> bakal jadi jalan hirup sahingga butuh anu lega; jeung (4) masalah
> penanganan
> sanitasi jeung lingkungan anu kurang serius.
>
> Naon akibatna jang Batam di mangsa kahareup?
>
> Teu aya maksad nanaon dina ieu analisis teh, tapi gambaran sederhana eta
> bisa mere hiji penjelasan yen mun Batam teu ngaantisipasi, Batam bakal
> jadi
> kota macet, ramijud, pajeujeut, jeung anu pasti matak teu betah.
>
> Geus anu bagean eta.
>
> Lalakon kuring di Batam kaleresan tepang sareng Baraya Kusnet anu tos
> linggih lami, Kang Gardhiana atanapi akrabna mah Kang Dian.
> Profesi Kang Dian teh presiden direktur PundiTour (mangga tinggal di:
> www.punditour.com). Baraya Kusnet sanesna anu oge gaduh pausahaan dina
> widang Travel nyaeta kang Gan Les di Bali.
>
> Nalika kuring dijemput ku aranjeuna, sok asa kumaha kitu, sabab kuring anu
> lain sasaha. Tapi kasomeahan aranjeuna nyababkeun kuring beuki yakin yen
> duduluran urang sunda sabenerna geus teu kawates ku getih.
>
> Kamari alhamdulillah tiasa Kopdar sareng Kang Dian. Kuring duaan buka
> bareng
> di Restoran Kampung Sunda di sagigireun Karnaval Plaza (mun teu lepat).
> Kuring buka sareng sop buah tur teh manis. Nedana sareng timbel plus ayam
> sareng gurame bakar. Mani ponyo. Sabab salami di Batam, koordinator ngajak
> tuang teh anu aheng-aheng keur kuring mah. Tah ieu photona.
>
> Baktos
>
> Tantan

Kirim email ke