Sigana geus sapuk yen kosmologi urang sunda leuwih nyoko kana ngahuma, alatanan 
nu mindeng dipake kaayaan kontur alam tanah Sunda nu loba gunung, atuh alatan 
sejen pedah kapanggih di masarakat Kanekes ti bihari tug nepi ka kiwari masih 
keneh ngahuma. Ngahuma lain bae ngan sakadar ngahuma tapi deuih sok disebut 
masarakat nu pipindahan (semi sedenter). Lamun enya pipindahan naha pipindahan 
anu kumaha, nomaden dina harti pindah sakarepna siga kaum Gipsi di Eropah, 
atawa ngan semi sedenter siga masarakat Kanekes ayeuna?. Keur kuring mah asa 
cop kana semi sedenter, sacara periodik bakal balik deui ka awal ( ceuk hiji 
buku masarakat Kanekes mimitina mah salapan taun kakara balik deui ngaropea 
tanah nu awal, kadieunakeun jadi lima taunan pedah populasi beuki loba hartina 
lahan beuki saeutik).  
Lamun pipindahan teh nomaden, meureun imah teh lain banda pakaya nu utama, ngan 
sakadar tempat reureuh. Sabalikna lamun semi sedenter imah tetep jadi banda 
pakaya da teu ditinggalkeun, di culjeunkeun, ngan meureun teu pati diurus. Sok 
sanajan masarakat Kanekes mangsa kiwari imah teh geus jadi banda pakaya nu 
dienya enya.
Tapi sok sanajan kitu urang Sunda geus dicap kosmologis ngahuma. Meureun 
awal-awalna pisan mah enya nomaden, pipindahan sakahayang, can tangtu balik 
deui ka tempat asal. Urang enyakeun we siga kitu. Lamun enya siga kitu 
kira-kira anu dibabawa tur tara leupas teh diantarana parabot, bisa bae 
mangrupa amparan (samak), wawadahan jeung pakarang. Dina jaman mana atuh eta 
kajadian teh..?. Nya meureun nganteng we ti mimiti jaman pindahna bangsa bangsa 
ti daratan Asia ka Indonesia tug nepi ka jaman Pajajaran atawa nepi ka Mataram 
ngaaneksasi Tatar Sunda (mangga ieu mah bagian ahli sajarah).
Kira-kira amparan, wawadahan jeung pakarang naon nu dipake..?
Lamun ningali dina buku History of Java Raffles aya berendelan gambar rupa 
parabot keur tatanen, euweuh gambar bedog, nu aya teh lolobana mangrupa arit 
malah aya nu siga kujang (kudi tea meureun). Tapi, dibagian pakarang aya gambar 
rada lengkep, dina gambar ieu aya gambar bedog (golok), disebutkeun eta teh 
pakarang raja atawa sahenteuna keur pakarang para perjurit raja (urang rada 
bedakeun antara parabot (alat keur gawe) jeung pakarang (alat keur bela diri), 
tujuanana mah ambih gampil ngabedakeun antara alat keur gawe jeung keur bela 
diri).
Ana kitu naon atuh alat keur digawe di huma..?. Diantarana nu mindeng katingali 
mangsa kuring keur budak keneh nyaeta aseuk, tapi pan eta mah sanggeus taneuh 
dirarata, melak binih teh langsung diasupkeun kana liang meunang ngaseuk. Lamun 
diwawaas milih tempat keur ngahuma teh tangtu taneuhna dianggap lendo, henteu 
dina taneuh nu gurawes, deukeut ka susukan atawa wahangan, relatif rata tur 
lega. Meureun ngabukbak heula, reuma diberesihan tangkal nu ngahalangan dituar 
sahenteuna dahan bae di tutuh sangkan ulah ngahieuman, alatna nu dipake tangtu 
nu rada gede, weweg tur ampeg nya pastina leuwih ideal kana wangun bedog. Ari 
reuma atawa jujukutan mah lain dibabad tapi dirabut ambih akarna kabetot tur 
tujuanana bari sakalian malikeun taneuh. Taneuh teu dipacul da pacul mah alat 
keur nyawah dina taneuh nu hipu kacaian, dina lahan keur huma cukup ku sosogrok 
siga aseuk.
Meureun, lamun tea mah bisa aya kacindekan yen bedog teh salah sahiji parabot 
keur ngahuma, atawa sebut we keur masarakat nu lain nyawah, hal ieu bisa 
ditingali ayana wangun nu meh sarimbag jeung bedog di daerah nu lain nyawah, 
saperti di Sumatra, Kalimantan jeung tempat sejen, aya nu nyebut klewang, 
parang, penai, mandau.
Aya nu bade nambihan atanapi ngoreksi..mangga diantos pisan pedaranana.
Aeh enya di daerah Cimahi caket Batujajar aya nu disebat daerah Tipar, geuning 
tipar teh hartosna sami sareng huma.

MSasmita.


 
 

Kirim email ke