haturan kang alhakim

ieu mah pangalaman pribados lebet ieu milis ti tahun 2000an tiharita 
dugika ayeuna perkembangan kitu2 keneh. leres anu dicarioskeun MJ 
yen urang sunda gaduh yayasan perceka tapi punten malih mah anu 
katoong kuabdi MJ anu sumanget dina ngurus yayasan perceka eta 
dibantos ku sababaraha baraya perkawis pemilon atanpi beasiswa.

resep sili sempad sili gonjakan di milis komo masalah politik mah 
tApi hiji mangsa diajak serius kanggo kopdar atawa aya gawe perkara 
kasundaan "JEP JEMPLING" teu aya soara.
organisasi anu dibentuk dialam maya rada susah ngahijina kunaon?
(Hiji patarosan ti abdi )

tidak mengurangi  rasa hormat kanggo baraya anu satia tetep ngemutan 
kana kalangsungan kasundaan diantawisna para sesepuh Wa sidik, wa 
sas, kang oman, MJ, bah willy oge anu sanesna (punten kanggo baraya 
anu tos seueur ngabantos kana kagiatan kasundaan bilih teu kasebat) 
padahal ide2 ti aranjeuna sae pisan tapi pami diprakkeun nyaeta sok 
rada "HARARESE TEA"

satahun sakali sok diayakeun halal bi halal alias (HBH) salain ti 
silaturahmi tiasa dimanfaatkeun kanggo mimitian ngembangkeun 
organisasi ieu.
HBH  "TI URANG KANGGO URANG" tina sagala kakiranganna boh ti panitia 
atanpi di peserta anu hadir, hayu urang jadikeun ajang silaraturahmi 
sareng pamikiran2 ngenaan kasundaan.

hatur nuhun bilih aya basa anu teu merenah (campur aduk) atawa aya 
cariosan anu nyinggung manah baraya neda dihapunten sateuacana.


baktos,




Imas Mustakim










--- In [email protected], "alhakimc" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hatur nuhun, urang tambah deui koleksina...tingal usul pribados 
kumaha
> upami milist urang gaduh kapung binaan anu sesuai sareng cita-cita
> urang, ngereyeuh we...
> 
> salam,
> 
> alhakimc
> 
> --- In [email protected], "Eko Ruska Nugraha" <aeko@> 
wrote:
> >
> > Sapalih seratan anu lebet ka milis urangsunda tiasa ditoong di
> > http://urangsunda.net/
> > 
> > baktos
> > ern
> > 
> > On Thu, Sep 18, 2008 at 1:46 PM, cepy alhakim <alhakimc@> wrote:
> > > Assalamu'alaikum Wr. Wb.
> > >
> > > Sing kuring ngusulkeun, kumaha lamun milist urang sunda teh
> dioptimalkeun
> > > heunteu kanggo curhat atanapi tukar ikiran tapi urang
> > > kongkretkeun...misalnya, ngumpulkeun naskah sunda nu aya di 
antara
> anggota,
> > > atanapi ngumpulkeun resep resep khas sunda anu aya di
> kampung-kampung sejak
> > > jaman baheula, misalnya angeun kacang, liwet, sambel oncom 
jeung
> nu laina,
> > > atanapi urang iuran ti anggota ngabantu yatim atawa sakola nu
> ampir rubuh
> > > itung-itung kerja bakti urang ka lemah cai...
> > > Insya Allah urang sunda bisa hudang, heunteu saukur ngomong
> wungkul bisa na
> > > teh...
> > > sampurasun,
> > >
> > >
> > > alhakimc
> > >
> > >
> > >
> > > --- Pada Sel, 9/9/08, kunkun sobirin <kksobirin@> menulis:
> > >
> > > Dari: kunkun sobirin <kksobirin@>
> > > Topik: [Urang Sunda] buku resep 60an
> > > Kepada: [email protected]
> > > Tanggal: Selasa, 9 September, 2008, 12:53 AM
> > >
> > > hehe he  waas geura , loba  anu aneh ngarana
> > >
> > > ________________________________
> > > Dapatkan alamat Email baru Anda!
> > > Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang 
lain!
> > >
> > >
> >
>


Kirim email ke