Aeh atuh teu sawios Ambu ....... supados langkung akurat. Muhun anu janten kapanasaran teh saleresna ayeuna mah mung saperkawis PATOKAN wungkul. Mana anu kedah dicandak.
Nya saperkawis mana anu kedah dianggo nu namina AKSARA SUNDA TEH sihoreng geuningan KAGANGA / NGALAGENA. Anu mana cuplikanna (kenging ngadudut ti http://jamparing.sytes.net/aksara/): Aksara Sunda nujul kana hiji sistem ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku huruf-huruf katut cara-cara pikeun nuliskeun Basa Sunda. Aksara anu dimaksud di dieu nyaéta "Aksara Sunda Baku" anu pamakéanana disahkeun ku Palaturan Daérah (Pérda) No. 3 taun 2003 Pamaréntah Propinsi Jawa Kulon. Pikeun bacaeun saréréa, mangga paluruh sababaraha dokumen kasebat ieu: 1.. Peraturan Daerah Propinsi Jawa Barat No. 5 Tahun 2003 2.. A. Sobana Hardjasaputra, Tedi Permadi, Undang A. Darsa, Edi S. Ekadjati, "Rancangan Pembakuan Aksara Sunda". Bandung, 1998 Drs. Undang A. Darsa, M.Hum: "Aksara Sunda Kaganga dan Sistem Tata Tulisnya". Buku nu dipedar ku CV. Walatra taun 2003. Dilebetna aya: 3.. a.. Sambutan Gubernur Jawa Barat b.. Sambutan Ketua DPRD Jawa Barat c.. Sambutan Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Jawa Barat d.. Sambutan Prof. Dr. H. Edi S. Ekadjati (Alm.) e.. Sambutan Prof. Dr. H. Ayatrohaédi (Alm.) 4.. Idin Baidillah, Cucu Komara, & Deuis Fitni. "Ngalagena: Panglengkep Pangajaran Aksara Sunda pikeun Murid Sakola Dasar/Dikdas 9 Taun". CV Walatra. Bandung, 2002 Kaduana ...... ngeunaan PATOKAN Aksara Sunda ieu anu baku teh (lengkepna tiasa ditoong di : http://jamparing.sytes.net/aksara/index.php?q=Komputerisasi - bilih badag teuing pami ditangkodkeun ayeuna mah) Katiluna ..... ngeunaan "aplikasi" ....... tah saperkawis ieu naha aya ugeran-ugeranna ......!? (Wah sigana kedah kagungan bukuna yeuh ......! he.... he.... he....) Mung sakitu anu kapihatur, Hatur nuhun ....... -------------------------------------------------------------------------------- patani makmur ..... taneuh subur ...... ----- Original Message ----- From: richadiana kartakusuma To: [EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, September 22, 2008 9:34 PM Subject: Re: [kisunda] Aksara Sunda ... nu mana ...!? tos diwaloer geuning tah sabagian ku Kang ASEP ke mun kirang ditambihan..wiops be heua nu sanes abdi ngantos ngabandungan wae AMBU.

