Hatur nuhun pisan Kang Kabayan parantos masihan info anu lengkap pisan. Tangtos eta alat teh sae pisan nya. Upami kagungan photona tangtos resep pisan, komo upami kagungan aslina mah...... Sakali deui hatur nuhun Kang. Namung hapunten pisan nami abdi teh sanes Nia Suarningsih.......
----- Original Message ---- From: kang kabayan <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, September 23, 2008 11:42:57 AM Subject: [Urang Sunda] Waleran kanggo pun nia suarningsih --- On Mon, 9/22/08, nia surniasari <niasurniasari@ yahoo.com> wrote: From: nia surniasari <niasurniasari@ yahoo.com> Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo nu Bade Nyumbang To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Date: Monday, September 22, 2008, 9:31 PM Kang Kabayan, Hapunten bade naroskeun. Dupi 'Waditra Tarawangsa' teh naon nya ? Waditra Tarawangsa mah sok disebat rebab jangkung. Kawatna dua. Ditambih kacapi, kawatna tujuh. Biasana nu sae mah didamelna tina tangkal kananga. Ngarah seungit, ngarah kiat, sareng harus. Tarawangsa teh simbol hormat ka Nyi Pohaci Sanghiang Sri. Saur sepuh kapungkur, tong miceunan sangu atanapi beas, bilih Nyi Pohaci bendu atanapi nangis. Eta tah kantos ditalungtik ku urang Jepang, pangna masarakat urang rawan pangan alatan teu hormat ka pare, teu nyaah ka beas. Urang Jepang antos nalungtik piring tilas tuang di restoran sareng tilas tuang di bumi-bumi urang Sunda. Hasilna, tina sapiring sesa remeh (sangu nu kapiceun) minimal 10 siki. Di restoran mah langkung seueur. Kalikeun wae sapuluh remeh ka jumlah penduduk jawa barat nu kirang langkung 42 juta. jadi 10 X 24.000.000 =....., dikali dua kali tuang. hartosna sadinten sabaraha karung beas nu kapiceun. Tah, seni tarawangsa teh seni nu ngaisaratkeun urang kudu heman, hormat, jeung nyaah ka pare. Recent Activity * 14 New MembersVisit Your Group New web site? Drive traffic now. Get your business on Yahoo! search. Y! Messenger Instant smiles Share photos while you IM friends. Cat Groups on Yahoo! Groups Share pictures & stories about cats. .

