Gaduh pisidi na teu 'Kang? Suwer can ningali yeuh...heuheuheu -----Original Message----- From: Waluya [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, September 23, 2008 10:30 PM To: [EMAIL PROTECTED]; Baraya Sunda; [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Re: RUU Por-on deui .....
Sababaraha taun katukang, aya budak mahasiswa jeung mahasiswi heureuy kamalinaan, make direkam ku handycam sagala. Dasar belegug, der rekamanana teh ditransfer kana CD ngaliwatan jasa tukang transfer video. Ku tukang transfer video, eusi rekaman teh dilobaan terus disebarkeun. Akibatna jadi geunjleung. Nu kuring panasaran, naha perlu sapasang mahasiswa ieu dipariksa terus dihukum ku pangadilan? Lain maranehna teh KORBAN tina kadelekaan, kasarakahan jeung kamunafikan batur. Saha nu kuduna dihukum? Ceuk kuring mah nu kudu dihukum teh nu nyebarkeun rekaman eta, lain korbanna. Watir ...... sabab maranehna salian dihukum ku nagara, oge dihukum ku masyarakat. Tong boro jinisna, dalah kulawargana wae, meunang wiwirang nu luar biasa: Indung budak lalakina tepi ka teu wani kaluar imah, bakating ku era , padahal biasana aktif di pangajian ibu-ibu di perumahan. Tah kuduna UU Pornografi teh ngalindungi korban jeung ngahukum beurat nu nyebar-luaskeun ........ Baktos, WALUYA This e-mail is confidential and may contain legally privileged information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute, disclose or use the information it contains. Please e-mail the sender immediately and delete this message from your system. E-mails are susceptible to corruption, interception and unauthorized amendment; we do not accept liability for any such changes, or for their consequences. You should be aware, that PT TITAN Petrokimia Nusantara might monitor your e-mails and their content.

