Wa'alaikumsalam Wr, Wb. nambihan sakedik ah, kanggo baraya nu aya maksad bade sumping, tapi can daftar, disuhunkeun ridhona kanggo daftar, hal ieu penting pisan kanggo nyiapkeun sagalana (sapertos konsumsi). kulantaran dinten juma'ah enjing tos hari kerja terakhir da timimiti dinten saptu tos seueur nu pere mayunan boboran, kanggo nu bade daftar tiasa ngalangkungan sms atanapi telp ka nomer abdi atanapi kang Dikdik, maklum da pan seueur na mah ol ti kantor jiga abdi hehe.. kade ulah hilap sebatkeun saha sareng sabaraha urang nu bade sumping..
no. telp. kang dikdik di 08161868454, atanapi badrudin di 081380965991 baktos, badrudin --- In [email protected], Dikdik <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalaamualaikum wr.wb. > > > Rencana Acara Silaturahmi KUSNET > di Wisma FORMIS, Jatiluhur, ping 4-5 Oktober > > *Ping 4 Oktober 2008* > > Ari usulan ti sababaraha baraya mah acara resmi teh dikawitan ba'da magrib. > Bilih aya nu bade dongkap langkung siang, Insya Allah tabuh 4 panicia tos > siap di tempat. Da ari booking mah pan ti tabuh 1 siang. > > Acara inti mah, nya silaturahmi weh, ngobrol bebas, bade ngadamel forum2 oge > sapertos di milis mangga teh teuing. > Atuh misalna hoyong nu langkung daria, mangga urang susun weh engke di ditu > kumaha saena > > Salian ti eta, diseling ku acara beubeuleuman sarupaning jagong (manawi nuju > usum), sate jrrd. > Oge diiring ku kacapi suling > > Nu penting mah, urang tiasa wawanohan sareng nu enggal, tiasa langkung wanoh > sareng baraya nu tos heubeul. > > *Ping 5 Oktober 2008* > > Acarana dikawitan ku ngawadang panginten > Salajengna mah, bilih aya nu hoyong ka water boom atanapi kokojayan, bebas > wae > Acara rekreasi oge mangga > > Silaturahmi KUSNET bubar graak tabuh 12-an > > > Hatur nuhun, > Ngawakilan panata calagra sapara kanca > > > Dikdik > >>dicksvf.multiply.com<< > > > *Catetan:* > > Kusabab tempat mondokna terbatas, disuhunkeun rido galihna nyandak > perlengkapan (nu ringkes weh, sapertos sarung jrrd) kanggo para wargi > sewang2an bilih engke aya nu kabagean ngagoler di tengah bumi. Kusabab wisma > na terbatas pisan, eta ge kenging 2 wisma teh pang akhirna, da nu sanes mah > tos full booked dugi ka akhir oktober > > Bilih aya usulan atanapi patarosan, mangga tiasa ngontek langsung ka abdi > (dikdik) di 08161868454, atanapi kang badru di 081380965991 >

