Si kuring satuju kana pamendak kang Oman perkawis LQ, anu langkung "menekankan" 
kana aspek dimensi relasi sosial kultural tinimbang kana dimensi ibadah ritual. 
Nya kitu oge dina perkara maluruh sacara logika, perkara LQ.

Contona kieu, upama urang ngaharepkeun LQ, ku cara ngalakukeun ibadah ritual, 
ti saprak magrib nepi ka subuh (da aya penafsiran, "malam lailatur Qadar" tea), 
padahal isukna urang teh kudu nyiar kipayah siga sabihara-sabihari, padahal 
daya tahan awak teh aya watesna. Padahal dina perkara ieu teh pan urang kudu 
rosa, jagjag waringkas, sehat wal afiat.

Tapi duka ketang, kuring oge teu pati neuleuman naha ayat-ayat atanapi hadis 
anu nerangkeun perkara malem LQ ieu teh, kedah ditafsirkeun sacara  tekstual 
atawa kontekstual.

baktos,

mrachmatrawyani

--- On Fri, 9/26/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Lailatur Qadar tos ngalangkung??
To: [EMAIL PROTECTED]
Cc: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda" <[EMAIL 
PROTECTED]>, [EMAIL PROTECTED]
Date: Friday, September 26, 2008, 12:19 AM










    
            Kang Tirta, Kang Agus lan baraya sadaya,



Anu kungsi kapanggih ku kuring ngeunaan Lailatul Qadar (LQ) sederhana

wae. Sederhana di dieu lain hartina urang gampang meunangkeun LQ, tapi

leuwih nyoko kana henteu kudu dikuat-kaitkeunana LQ kana gejala alam

saperti isukna isuk-isuk anu tiiseun (B.Ind: hening), jst. Nuturkeun

katerangan tina Al Qur'an jeung As Sunna, LQ teh diturunkeun dina

bulan ramadhan, sakumaha Al Qur'an oge turun dina bulan ramadhan.



Ngan, dumasar Al Qur'an, LQ mah arek terus-terusan diturunkeun dina

satiap bulan ramadhan. Pituduh hal eta dina Al Qur'an nya kalimah

"tanazzalu al malaaikatu fiihi biidzni robbihim" (surah Al Qodr ayat

ka 4) anu mana kecap "tanazzalu" teh sacara gramatika asup kana fi'il

mudhore anu nuduhkeun pagawean eukeur atawa arek dilakonan/kalakonan .

Anapon turunna Al Qur'an eta mah ngan sakali jeung geus kaliwat.

Pituduhna dina Al Qur'an nyaeta ayat "Inna anzalnahu fii lailatul

qodri" (surah Al Qodr ayat ka 1 anu mana kecap "anzalnahu" teh

wangunna wangun fi'il madhi anu nuduhkeun pagawean anu geus kajadian

(dina kasus-kasus tinangtu bisa oge nuduhkeun pagawean anu pasti baris

kajadian; ngan dina ayat anu bieu mah nuduhkeun enggeus kajadian).



Saterusna, ditegeskeun oge yen eta LQ teh leuwih hade tinimbang 1000

bulan, tur, dina LQ teh lalungsur (ka dunya) para malaikat jeung Ar

Ruh kalayan idzin pangeran aranjeunna pikeun nangtukeun urusan (Amr),

kalayan pinuh kasalametan nepi ka medalna fajar. Ngan sakitu anu

kaunggel dina Al Qur'an ngeunaan LQ.



Paralun, lain si kuring teu percaya kana al Hadist, tapi apan urang

teh geuningan diajarkeun supaya kritis oge dina nampi hadist. Dina

istilah elmu hadistna tea mah naon anu disebut kudu kritis kana matan

atawa kandungan hiji hadist. Ilikan geura, lamun LQ dikait-kaitkeun

jeung gejala alam, atuh beda-beda LQ teh, jeung, bisa jadi di hiji

tempat, meh unggal poe (dina bulan ramadhan) turun LQ (kusabab gejala

alamna nyumponan kriteria). Bisa jadi di tempat nu sejen moal aya LQ

saendeng-endeng da gejala alamna teu nyukupan kriteria geus turunna

LQ. Maksud kuring, lamun kriteria turunna LQ teh, upamana, isuk-isuk

anu tiiseun, langit bengras tapi teu panas, kumaha lamun keur urang

pakotaan anu salawasna isuk-isukna tara tiiseun? kumaha oge keur urang

kutub atawa anu dumuk di daerah iklim tiis kusabab tiis salilana jeung

kamugkinan tiiseunana leuwih gede?  Naha turun LQ unggal peuting?



Kuring masih inget katerangan salah saurang ustadz 20 taunan ka

tukang, yen ngait-ngaitkeun LQ jeung fenomena alam isukna eta kurang

relevan. Sabab fenomena alam mah bisa wae bagilir kaayaanna, jeung

bisa jadi hiji fenomena alam henteu rata kaalaman dina hiji waktu ku

sakabeh manusa anu dumuk di dunya ieu. Upama hiji poe isuk-isuk di

bulan ramadhan tanggal lilikuran anu ganjil di hiji tempat kaayaan

tiiseun, panon poe teu panas, jst sakumaha - ceuk cenah - ciri-ciri

geus turunna LQ, sedeng di tempat sejenna upamana hujan ngecrek atawa

rame pisan boh ku sora sasatoan atawa sora manusa - singgetna mah -

kaayan alam anu teu nuduhkeun geus turunna LQ peutingna, atuh teu adil

Pangeran teh? Mahasuci Alloh tina kaayan teu adil sabab Alloh mah eta

anu Maha Adil.



Pikeun ngamaknaan LQ, kuring leuwih condong kana katerangan hiji

ustdaz, yen LQ leuwih merenah lamun ditafsirkeun salaku hiji hontalan

manusa kusabab amal-amalna dina hiji waktu di bulan ramadhan anu eta

amalna teh leuwi hade atawa leuwih luhur kualitasna dibanding ibadah

(ritual) salila 1000 bulan. Tafsir ieu memang rada sufistik, sabab

"peuting" dina lebah dieu diibaratkeun salaku poekna anu teu nyaho

atawa poekna anu teu acan mendakan pencerahan, laju aya anu turun

(para malaikat) mawa urusan jeung katangtuan anu pinuh kasalametan

pikeun eta jelema, tangtu kusabab hiji atawa sababaraha amalna anu

geus dilakukeun ku eta jelema anu ajenna leuwih ti ibadah ritual

salila 100 bulan.



Kukituna, LQ teh achievement ti hiji jelama, lain given pikeun hiji

jelema. Leuwih teges deui, LQ kahontal ku hiji jelema kusabab amal

sholehna anu kacida luhur ajenna mungguh Alloh, jeung lain pamaparin

kitu wae sacara haratis ti Pangeran ka hiji jelema. Patarosanana, amal

anu kumaha anu bisa nganteurkeun urang meunangkeun LQ? Dina lebah

dieu, nyanggakeun ka sadayana, kantun milarian. Tetengger mah geus

jelas, yen dina Islam, dimensi sosial leuwih gede (hartina leuwih

penting) tinimbang dimensi ritual jeung dimensi-dimensi sejenna.

Geuningan, apan miceun cucuk ti tengah jalan wae geus kaasup hiji

kahadean anu gede ajenna. Oge Pangeran dina salah sahiji hadist Qudsi

ngadawuh:"Pek panggihan Kami di satengahing jelema-jelema anu pinuh

kasusah (Bhs Ind.-na: "yang hancur hatinya")". Kukituna, moal boa,

hiji ibu-ibu anu ngaridokeun beasna - anu ngan kari sakalieun masak -

diparokeun pikeun fakir miskin anu kalaparan dina hiji poe, anjeunna

geus ngahontal LQ dirina dina taun eta; tinimbang, upamana, anu

sapeuting jeput acong-acongan ibadah kalayan teu malire kana kaayaan

masyarakat sabudeureunana. Tangtu wae, anu panghadena mah masagi, boh

ibadah sosialna atawa ibadah ritualna kaohontal atawa nyumponan

kualitas anu meunangkeun LQ.



wallohu 'alamu bi as showab (jeung Gusti Alloh anu uninga kana naon anu bener).



manAR



neda widi, ieu seratan dikintun oge ka milist sanesna. Hatur nuhun.



On Thu, Sep 25, 2008 at 10:44 PM, Agus Pakusarakan

<prabu_siliwangi@ yahoo.com> wrote:

> Lailatur Qadar tiasa katinggal dina wanci isuk pas waktu carangcang tihang

> diman suasana hening, panan poe isuk2 cerah, tapi teu panas

> langit cerah  bersih...

> jeung sajabana...

>

>

> --- On Thu, 9/25/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

>

> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>

> Subject: [kisunda] Lailatur Qadar tos ngalangkung? ?

> To: [EMAIL PROTECTED] .com

> Date: Thursday, September 25, 2008, 2:15 AM

>

> Baraya punten aya nu uninga, atanapi ngaraosan naha maleman Lailatul Qadar

> tos sumping dinten ka 21 atanapi ka 23 kamari?

> Dinten ieu wengi ka 25 tanda-tanda sepi, hening oge aya najan di puseur

> Batawi, tapi tadi geuning hujan...gugur kitu??

> Sarangenge rada hese jadi patokan da di Batawi mah tos kotor hawana, ceudeum

> belewuk bae.

>

>  salam

>

> Jalak Pakwan

> ____________ _________ _________ __

> Get your new Email address!

> Grab the Email name you've always wanted before someone else does!

>

> 


      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke