> From: mh
> Kang Oman, ari di lembur uing mah sora si belang teh 'ngagerem' katelahna 
> teh.
> Ambu tah nu sok ngagerem teh, 'ahuuung', 'ahuuung', cenah.

Sarua MH, dilembur kuring oge, cenah sada maung teh ngagerem. Cenah, da acan 
ngadenge langsung, maungna kaburu beak ...hehehehe. Eh ketang kungsi 
papanggih jeung anak macan tutul di Pagunungan Ijen Jatim, kuring dina 
mobil, anak maung meuntas saliwatan. Enya karasa aya hawa "geueuman", sakitu 
kuring dina jero mobil hardtop jeung maungna lain maung lodaya, ukur anakna 
deuih ......

Ari dina pilem-pilem satwa mah, maung, kitu oge dulur misanna, Singa, 
geuningan  lain sato nu boga sifat "kapahlawanan", naklukeun mangsa nu 
paling gagah perkasa tapi ngintip  mangsana nu paling "lemah", Tah nu 
"lemah" ieu nu dikerekeb, sabab ngalawanna moal sabaraha.  Jelas mangkeluk 
ieu dina neangan hakaneun make itungan, keur naon nubruk uncal atawa bagong 
nu jagjag waringkas pisan, nu bisa nyababkeun tatu. Sigana keur bangsa 
maung, teu perlueun  sikep "kapahlawanan" tapi nu penting mah  beuteungna 
kaeusi .......

Kira-kira aya miripna kitu jeung bangsa manusa?


Baktos,
WALUYA








Kirim email ke