Sakali Deui Kuring Negeskeun 

 

Kuring
     nyaho geus loba nu dibere tanda,

ngan hanjakal
loba nu teu malire eta tanda kana dirina,

kusabab disangka
dongeng anu teu pira,

disangka tahayul
nu estuning teu bisa dipercaya. 

 

Arek loba
cumarita kudu kasaha,

arek balaka
sieun kalah ka era,

arek percaya
puguh euweuh nu percaya,

tungtungna mang
taun-taun ukur nyelap dina iga. 

 

Deudeuh teuing
aranjeun anu kapilih,

pangalaman batin
kalah matak rengat galih,

tungtungna
malipir ka pipir jalan anu dipilih,

ngarah angger sarua
jeung batur nu teu kapilih. 

 

Sakali deui
kuring negeskeun carita,

kunaon mercaya
ieu sieun disebut teu nyakola,

anggur geura
balaka kanu sejen,

ngarah geura
patepung sakabeh anu dibere tanda.

 

Lain
     teu bisa kuring noong salira,

ngan kuring
hayang bareng tapi teu kapaksa,

kuring geus
cukup mere siloka,

jang pikireun
aranjeun nu dibere tanda. 

 

Anggur bagja
anjeun dipercaya,

jang ngaguar
sunda ngarah jaya,

teu sakainget Ki
Santang mere tanda,

geus meunang
mulak-malik mikir dibarengan ku elmuna. 

 

Ngan ukur panca
kaki nu dipenta,

ngarah kacabak
naon nu jadi tanda,

kuring tetep
tarapti bisi salah sangka,

sabab teu jin
teu manusa loba nu ceuceub ka urang sunda. 

 

Lamun geus
kapanggih eta tanda,

kuring karak
daek nepungkeun mata,

urang pasamoan
ruing mungpulung,

bari urang dina elmu silih
pulung. 

 

Buncir boga
tanda hiji kujang badag awakna,

kuring neangan
keneh tujuh kujang leutik awakna,

kudu pareng
kapanggih disaha ayana,

ngarah geura
mimiti maluruh anu kuduna. 

 

Kuring sapuk mun
geura campa salira,

ngan lain
neangan nu goreng di salira,

istuning balaka
naon tanda di salira,

sugan sarua
jeung nu katoong dina awak salira. 

 

Kuring nungguan
di dieu,

kuring moal
incah ti dieu,

kuring bakal
ngamimitian di dieu,

kuring estu
nganjrek di dieu.  




      

Kirim email ke