Istuning Gumbira

 

Sora
     dulag dipanungtungan bulan,

ngabarengan
reangna santri takbiran,

nandakeun geus
rek anggeus bulan Ramadan,

nandakeun geus
rek nepi poe lebaran. 

 

Hate asa
ajlok-ajlokan,

mun teu era
hayang milu gogonjakan,

jeung barudak
leutik nu keur lulumpatan,

milu gumbira
mapag poe lebaran. 

 

Barudak
narakol bedug bari
jojorowokan,

ngurilingan
kampung nepikeun kabungahan,

nu di imah teu
ngarasa kagandengan,

kalah marilu
gumbira jeung asa aya hiburan. 

 

Pamajikan
jeung barudak awewe pak pik pek hareupeun hawu,

nyarieun
kakaren opak,ranginang,jeung kueh bolu,

istuning
gumbira kajeun kahaseupan suluh ti hawu,

budak leutik
panon olohok nempokeun indungna di juru. 

 

Endah
kabina-bina,

dikucurkeun ku
Nu Kawasa,

nu ngabaseuhan
sakabeh urang sunda,

nu ayeuna geus
beda mangsa. 




      

Kirim email ke