Hapunteun Ki bade naros...maksudna moal aya deui kajadian jiga di sumedang larang anu mana? Punteun upami salah maksad Ki NongGerak masalah Prabu Geusan Ulun sareng Eyang Jaya Perkasa? Punteun nyuhunkeun pencerahan, haturnuhun sateuacan na.
--- Pada Ming, 28/9/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Dari: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> Topik: [Urang Sunda] (Serat: 82)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Tinekanan Jeung Bagja Nu Bakal Sumping. Kepada: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]> Tanggal: Minggu, 28 September, 2008, 2:13 AM Tinekanan Jeung Bagja Nu Bakal Sumping Tengah peuting nu istuning jempling, datang lamunan nyelesep kana hariring, lamunan nu istuning matak lungkawing, kahayang nu katempona nangtawing. Hiji mangsa dimana urang sunda enggeus kageuing, pangajak ngahiji enggeus dikuping, urang sunda enggeus teu jiga deui munding, tinekanan jeung bagja nu bakal sumping. Moal aya deui kajadian jiga di sumedang larang, hiji manusa loba jasa dipiceun nu matak baluang, pitulung ti dulur asa di awang-awang, pitulung ti nagri teu kasawang. Deudeuh teuing ujang, karunya anjeun dibaruang, nasib anjeun meni matak salempang, geuning tali sunda henteu pageuh nyangcang. ___________________________________________________________________________ Dapatkan alamat Email baru Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

