cenah ieu mah kang, ti nempo tina talisa Baheula basa taun 97 krismon dimimitian ti thailand sektor properti (usaha taneuh,imah) ayeuna di amerika oge sarua dimimitian ti kiridit macet properti anu ngarana subprime mortgage . Ieu teh skema kiridit anu nyieun jelema nu aslina teu sanggup meuli imah jadi sangup meuli imah ku jalan kredit.skema ieu narik pisan investor lantaran sukubungana leuwih luhur ti bunga pamarentah (the fed) atuh pausahaan finansial (bank, asuransi,finance) ngabring meuli surat utang SM ieu.
Ku sabab the fed naekkeun sukubungana usaha SM oge suku bunga na ditaekkeun atuh kreditor jadi ngajerit teu sanggup mayar (pan urang kabeh nyaho yen bisnis properti mah loba mark up harga tanah, harga material, nu pasti gampang pisan jadi kredit macet ). lantaran kreditor macet atuh pausahaan SM oge teu bisa mayar setoran ka pausahaan finansial (AIG, lehman brothers dll ) atuh milu kollaps sabab usaha finansial oge kan lain duit manehna (duit nasabah anu diputer) tah mun pausahaan finasial geus kollaps dunia usaha (sektor riil ) bakal kollaps, surat utang SM kari 20% ti harga awal, naha teu bisa mayar??? pan boga agunan taneuh ??? nya heu-euh da asset manehna ngan boga taneuh maenya dibayar ku taneuh puguh da keur riweuh kabeh bororaah hayang meuli taneuh harga kabutuhan pokok geu ting terekel. Tah tuluy wae pamarentah ngaluarkeun bail out nepikeunka 700 milyar (mun di urang mah BLBI tea) manehna ngajamin duit nasabah bakal balik deui naon pangaruhna ka urang ??? 1. siga pausahaan di mana saya keur digawe ayeuna dana pensiun teh dititipkeun ka AIG atuh meureun bakal lapur da manehna bangkrut 2. usaha anu ekspor ka amrik bakal seret da urang amrikna keur seret , maranehna moal meuli barang-barang anu teu penting, (loba usaha sapatu , pakean anu ekspor ka amrik ) mun barang na teu aya nu meuli atuh bakal nganggur pagawe anu rebuan jumlahna , mun katutuluyan bakal aya PHK MASSAL tuluy loba pangangguran, mun loba pangangguran loba kajahatan mun loba kajahatan stabilitas keamanan bakal leungit mun stabilitas keamanan leungit , investor bakal hengkang mun investor hengkang bakal tambah loba tuluy weh bulak balik dekok .. jadi urang kudu bisa nyerep barang anu tadina diekspor, carana?? duka teuing da abdi mah dana pensiuna ge lapur hehehehe tah eta nu katangkep ku saya , sok nu lain nambahan On Tue, Oct 7, 2008 at 10:33 AM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ceuk beja, Amerika ayeuna keur gering keuna ku krisis keuangan. Ngan > nyaeta > geuning geringna nu beunghar mah bet ngabalerang ka batur. Di urang harga > saham anjlok, rupiah melempem ..... pikahariwangeun. Tapi aya ketang nu > pikabungaheun harga minyak atah turun 40%, ayeuna ngan $89/ barrel. Bapa > Presiden RI ngayakeun rapat ngadadak, sanajan lebaran keneh. Ari sugan teh > rek ngumumkeun harga bengsin turun, ari pek teh ukur ngabejaan cenah urang > Indonesia mah tong hariwang jeung salempang sabab ekonomi indonesia keur > kuat ...... > > Bener kitu eta teh? Cik kanu ngartos ekonomi, kudu kumaha yeuh ....... > > Baktos, > WALUYA > > >

