> From: "abas_amin08" <[EMAIL PROTECTED]>
> AA: Ngalakukeun jinah jelas dilarang keras ! Dosa hukumna, boh cek
> Agama boh darigama; saksina teh kudu Opatan ; tah ieu mah kapan
> SAKSINA jutaan jelema! Ti Mana dasarna kang Waluya kudu ngabebaskeun
> nu salah ? Ari pasturyi mah meureun era sorangan wungkul; tapi teu
> meureun ari dosa mah !
> Tah na jihad kasalahan mah eta nu di itenas teh JELAS pisan ! naha
> bade dibela kumaha kituh kang Waluya???!!!

Hih leres jinah mah dosa, ngan tiasa dihukum ku hukum Indonesia kitu ari 
jinah? Sakaterang kuring mah, acan aya nu jinah tepi ka dipanjara komo tepi 
ka dirajam mah. Urang Indonesia boga "kaarifan lokal" sorangan, biasana 
lamun nu jinah bujangan, pasangan ieu dihukumna teh DIPAKSA KAWIN ( 
istilahna teh dikawinkeun Hansip). Tah umpama jinah salingkuh, kakara jadi 
urusan pulisi,  kitu oge lamun aya pengaduan ti pihak sabeulah jeung biasana 
tara kapapanjangan tepi ka pangadilan kriminal, paling-paling ge ka 
pangadilan agama, pipirakan ...........

Kuring sanes rek ngabelaan "VCD Itenas", tapi aya rasa kaadilan nu kasigeung 
sabab nu jinah teh loba tur henteu dihukum. Contona nu bureuyeung ti heula, 
pan angger we dikarawinkeun ku masyarakat teh, paling-paling "dihukum" ku 
diomongkeun batur. Kitu oge kompleks P, sabaraha ratus anu jinah? Pan henteu 
dipanjara....paling-paling ge dibuburak. Thus, pelaku "VCD Itenas" dihukum 
lain kulantaran jinahna, tapi ku VCDna. Padahal lain niat maranehna 
nyebarkeun eta pelem. Mangga adil henteu dihukum ku nagara (kriminal) 
padahal nu jinah teh lain maranehna wungkul? Maranehna ukur jadi korban tina 
kalakuan batur!.

Ceuk Bah AA jutaan jalma jadi saksi. Saksi Bah AA?  Eta mah penikmat pelem 
porno meureun Bah!

Baktos,
WALUYA





Kirim email ke