waktu libur kamari, dina hiji poe, kuring nonton acara reportase di Trans TV. harita acarana teh nyaeta liputan ti Minahasa. Cing, Minahasa teh di beulah mana ? he.he..he..
anu kuring kataji, dina salah sahiji segmena, nampilkeun "Tari Kabasaran", nyaeta tarian perang urang Minahasa. Tarian ieu dibawakeun ku lalaki, ciri khasna nyaeta, tari ieu teh siga keur nyingsieunan. nu nari na hohoak, ngagebrag, bari roman beungeut bangun nu ambek, mata molotot. leungeuna mawa pakarang jeung tameng, aya oge anu mawa tumbak. Tapi anehna, tarian ieu teh dipake keur narima Tamu agung. naha nya? Anu matak kuring kataji teh nyaeta, kabeneran "Tari Kabasaran" anu keur diliput ku Trans TV teh, dibawakeun ku barudak lalaki. umurna ceuk taksiran kuring mah 10 taunan. sanajan kitu, eta tarian teh dibawakeun ku barudak kalayan anteb. lengkahna jigrah, mata molotot bari hohoak. Kuring jadi ngalamun. ari barudak sunda bisa tari naon nya? tari gogoleran menta jajan bari ceurik kitu ? he..he..he..

