Nong Gerak teh teteh geuning nyah... Sanes akang... Punten.. Salam, Wilistya
--- Pada Sen, 29/9/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Dari: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> Topik: [Urang Sunda] (Serat: 86)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing Anaking Kanyaah Ema Kepada: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]> Tanggal: Senin, 29 September, 2008, 12:48 PM Deudeuh Teuing Anaking Kanyaah Ema Tengah peuting nu kalintang jemplingna, hiji awewe keur mendekul nyanghareup Nu Kawasa, mudalkeun sakabeh kanalangsana, masrahkeun sakabeh nasib ka mantenNa. Diteuteup kabeh anakna nu keur sare tibra, nu salila ieu mere kakuatan kana batina, tetep satia nuturkeun kahirupan bareng jeung salakina. Inget ku lucu imut anakna, inget ku capetang nyaritana, inget ku seuri nu sakitu ranguna, cukup jang ngubaran sagala kapeurihna. Duh anaking kanyaah ema, hampura geuning acan pinaggih jeung bagja, lain teu hayang buru-buru si bapa geura-geura, geuning nasib urang di dunya acan waluya. Lain ema teu hayang hidep senang anaking kanyaah ema, manehna ngalengis ngusapan tarang anak-anakna, kapeurih beuki ngarojokan jero hatena, cing tawekal aranjeun narimana. Kabayang tadi beurang pamenta anakna, teu pira ngan hayang sarua jeung batur ulina, dalah kumaha jang dahar oge istuning hesena, teu wasa si indung nahan cimata. Kade anaking ulah nyalahkeun bapa, ema nu nyaksian tisuksruk tidungdungna si bapa, lain kieu sabenerna kanyaahna, cimata si indung murag kana tarang buah hatena. Akang kuring nganuhunkeun ka akang, kuring bakal nyaah jeung satia salilana ka akang, si indung ganti nangkeup salakina bari baluang, keun we kang ulah loba pipikiran, kuring mah tetep pamajikan akang. Duh Gusti Nu Maha Suci, kuring estuning jangji dina ati, wios kumaha abdi satia ati, bade dijagi ku sim abdi dugi ka mayunan pati. ___________________________________________________________________________ Dapatkan alamat Email baru Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

