Sami-sami, Kang Tantan. Ka sugri nu kersa nampi conto majalah CUPUMANIK kanggo diaos, pribados bakal ngintun via pos ka alamat salira. Jumlah conto majalah nu bade dikintun sasih ayeuna, aya kanggo 50 wargi lembur ieu nu pangpayunna ngintunkeun alamat lengkap katut kode posna ka ieu milis. (Punten ka kuncen, abdi nyuhunkeun widi kanggo ngabewarakeun contoh majalah). Saleresna, CUPUMANIK teh sanes majalah enggal. Dugi ka ayeuna teh parantos 6 taun terbit rutin unggal sasih. CUPUMANIK diadegkeun ku kang Ajip Rosidi, tahun 2003. baktos, Dadang Mohammad
--- On Thu, 10/9/08, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] Re: Tawisan Majalah Cupumanik kanggo kang Tantan To: [EMAIL PROTECTED] Cc: [email protected] Date: Thursday, October 9, 2008, 5:10 PM Ass. Di lembur ieu, kuring seja nganuhunkeun ka Kang Dadang anu tos ngintunkeun Majalah CUPUMANIK. Hatur nuhun pisan. Insya Allah bade ngalanggan. baktos Tantan On Mon, Oct 6, 2008 at 2:24 PM, tantan hermansah <sariak.layung@ gmail.com> wrote: Tantan Hermansah tantan hermansah | SM 1270

