Ieu nang hiji pamaksadan

Hiji pamedalan ka Nyi Mojhank

Kawas bentang nu baranang

Kawas kahayang nu diawang-awang

 

............

 

Lain akang teu uyahan

SMS teu pisan-pisan

Eta hiji pamaksadan

Nu aya dinu Parasaan

 

.............

 

Saban poe balik peuting

Lain hayang jadi jalma penting

 

Akang hayang hiji bukti

Sugan wae jadi pasti

 

Akang nang bisa doa jeung usaha

Satuluyna serahkeun kanu Kawasa

 

 

 



SIMA MAUNG
PADJADJARAN

 

Sima Aing Sima
Maung, mun dideuleuk-deuleuk eta babasan kolot baheula keur manggawean hiji
kayaan. Ceuk cenah jeung cenah eta the mituduh urang kudu leber wawanen migawe
tanggung jawab sabab eta pilampah urang hade gorengna atawa mereun ulah “epes
meer” tea.

 

Mun ngadeuleuk ka
kamus terbitan ti LBBS tahun 1992, didinya jentre siman teh hartina maung,
atawa ngabogaan sifat pikasieuneun atawa pikaeraeun batur nu nyanghareupanna.

 

Kunaon atuh sok
dikuat-kaitkeun ari kawani teh jeung Maung. Ceuk cenah Maung teh ngageureumna
pikasieunan, jeung na deui rajana leuweung. Tapi naon bedana maung jeung Singa.
Meuren deui ceuk uing mah di urang eweuh Singa aya oge Maung.

 

Mun
ngomong-ngomong di tatar-sunda, uing mun cacahan jeung seler lain kungsi
aya  nunyeuleutuk cenah urang sunda mah
teu maju-maju sabab loba teuing percaya mitos. Sok komo basa aya nu nanya ka
uing naha enya Siliwangi teh sarua jeung maung.

 

Nya mun urang
panasan atawa darah tinggi mah sok hayang nyabok eta jalema, tapi nu ngaranna
jalma nu kaintipan pandidikan mah mereun urang kudu make logika. Nya antukna ku
uing dijelaskeun weh kunaon Siliwangi teh Maung, didinya kuring nyoko kanu
simbol maung kudu wanian, laju dijentrekuen deui malihan mah di hiji nagara ge
loba nu simbol na make sasatoan kawas Three Lion tea geuing.

 

Aya oge Maung
diidentikeun jeung hiji kasawelasan di Bandung nu diaranna PERSIB MAUNG BANDUNG
tea, nu mana hiji ikon keur Urang Sunda oge tapi Maung mah Lain “MACAN
KEBANJIRAN”.

 

Tah kudijelaskeun
kitu babaturan teh rada teu himeng teuing, ku kuring sok dibalikeun weh naha
geuning di maneh mah masih percaya kanu parimbon-parimbon sok komo loba geuning
dinu tivi ngirim ka nomor nu opat angka tea.

 

Balik deui ka
Maung, kungsi oge aya nu percaya cenah basa gunung salak bitu taun 1699 kayaan
pajajaran teh pinuh ku taneuh jeung batu, tapi di hiji ditempat  nu mana di 
Batu Tulis hiji prasasti keur
mieling Sri Baduga ku yasana Surawisesa tahun 1533 teh didinya ceuk cenah jeung
cenah loba Maung nu caricing didinya.

 

Tapi aya oge ceuk
mitos mah eta teh para pangabdina atawa prajuritna padjadjaran tea, duh asa ku
jauh teuing ku akal mereun elmu uing mah can nepi kadinya. Tapi nu jadi
panasaran naha loba Maung nu caricing didinya, ceuk cenah mah aya kayaan nu
mana hiji sato neangan tempat nu haneut jeung biasana sato kawas Maung sok
ngagesekeun awakna ka batu. Tah mun ieu mah rada kahontal. Tah ari nu lianna
mah masih kapahung sugan weh aya nu apal sok di benjer beaskeun atuh.

 

Maung ge aya nu
dijieun hiji atraksi atawa kasenian, nu mana di hiji tempat di lembur uing
Kabupaten Subang nu mana bulan ayeuna bakal aya PILKADA keur Subang Hiji. Tah
di lembur uing aya nu ngaranna Sisingaan. Jir aya ku aheng di Subang aya Singa,
panan boro-boro Singa di Subang ari di Tatar Sunda mah jarang manggihan.

 

Heeheh ke heula
atuh ulah sok ambeukan komo uing mah budak kamari isuk nu masih keneh loba di
warah ti kolot-kolot. Tah kieu nungutkeun Cacahan jeung hiji kokolot atawa
seniman kahot di Subang nu ngaranna Kang Mumuk, manehna nu ngabogaan Padepokan
Sisingaan Putra Jamparing, tah mun didinya apal oge meureun  seni Lais nu 
pangalusna teh ddieu oge nu
perankeun ku Mang Opik tea. 

 

Jir Primordial
pisan, kajeun ach ieu mah aya buktina seh. Balik deui ceuk kang Mumuk teh ieu
ngarupaan hiji protes ka pamerantahan Walanda nu mana subang teh nu diaraan
P&TJ tea. Sok komo panan Walanda mah lambang Singa lain.

 

Laju masarakat
Subang nyieun hiji parotes eta ngaliwatan kasenian, panan ari urang walanda mah
teu apalan isina kasenian Sisingaan mah, padahalmah eta keur parotes ka si
maranehna.

 

Tah cacahan teh
teu nepi kitu wae, geuningan kungsi dibahas dinu hiji koran di Subang teh
Gudangna Kasenian. Naha enya sok weh atuh udongkap ka Subang, uing ge apal na
basa cacahan jeung manehna, malihan aya kasenian buhun kawas gemyung, aya oge
nu ngaranna henjring ronyok , tah kasenian nu lianna mah teu apal.

 

Aya oge ti Kang
Mumuk ngabogaan ide, basa manehna geus babaraha kali di ondang ku Milang
Kala-na Kabupaten Bogor ngirimkeun Sisingaan Putra Jamparingna. Manehna rakeut
pisan jeung Pa Hadi ti Disubudpar Kabupaten Bogor. Manehna boga ide ka Pa Hadi
jeung Pa Adnan Taufik ngeunaan hiji Kasenian.

 

Ieu Kasenian teh
diaraanna SIMA MAUNG PADJADJARAN. Sok komo ieu mamaungan teh diangkatna ku 6
jalma nu gedenan 3 meter. Ih naha pipilueun kawas Sisingaan. Ke heulaanan. Ceuk
kang Mumuk ari Sisingaan mah geus identik jeung Subang, ari SIMA MAUNG
PADJADJARAN mah lain ngajiplak ka Sisingaan tapi kainspirasian jeung na deui
bisa jadi ikon tatar-sunda. 

 

Sok komo bogor mah
dayeuhna kuduna mah, lain Bandung atawa Subang. Sok komo ari gorengna seniman
atawa budayanmah sok asa paing-aing 
hese dihijikeun sok komo ari geus aya kokolot jeung kahot katut loba
duit mah nu lainna mah ilu bae atawa 
“Titip Panon Bae”.

 

Tah ku ayana SIMA
MAUNG PADJADJARAN teh bisa ngahijikeun seniman atawa budayawan nu aya di bogor
hususna sok komo tatar-sunda umumna. Jeung na deui kudu aya REVITALISASI BUDAYA
SUNDA teh dinu sagala widang teu ngapohokeun tukuhna. 

 

 

 

Naratas lulurung 
hirup

Parakan jati sampurna

Ngamandala asih suci jalatunda

Sindangkeun barang kaheman

Angen sunda Pakuan

Pun !

 

Yayan Mulyana

http://balebat-online.com




      

Kirim email ke