--- On Sat, 10/4/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat-3
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Saturday, October 4, 2008, 10:43 PM







Sanggeusna beuki kawasa si Empeh Ouw dititah ngagedean restoranana sedengkeun 
Si TiluDewa terus ngayakeun Losmen nu dijadikeun tempat tamu nginep ; salian ti 
eta diayakeun hiburan2 nginum jeung ngadu/maen; geus kitu ngayakeun oge 
sakalian awewe bangor nu pikeun ngahibur tamu; ku nu darenok medok jeung 
daremplon; atuh sakeudeung oge eta kampung teh jadi rame ; jadi hiji kota 
leutik; loba nu daratang ngadon daragang jeung salian ti eta 
Eta kota teh diurusna nya ku anak buah Si Tilu Dewa; kitu deui nu ngajalankeun 
usaha losmen jeung NGADU; maen; kabehanan ku anak buah Si Tilu Dewa ; ari nu 
tiluan mah ngan ukur narima hasilna wungkul. 
Ka kota eta kungsi oge aya Pulisi tukang nyilidik ka tempat eta teh; tapi 
kapincut ku hiji awewe tukang ngahibur, nepi ka diloloh inuman nu matak mabok, 
bari jeung diracun, atuh isukna teh maot we; atuh guyur we ; nepi ka Camat ti 
Kota datang mariksa; atuh kapaksa si Tilu Dewa teh nyogok si Camat ku duit nu 
gede pisan; nya jep we eta kasus teh dianggap kacilakaan biasa. Padahal Eta 
Patugas Nagara teh rek nyilidik harta kakayaan Nagara nu kungsi dirampog 
sababaraha bulan nu geus kaliwat; jumlahna teh gede pisan. 
Tapi aya babaturan patugas Nagara nu teu cicing kitu wae; terus datang deui 
nyilidik kadinya; ayeuna mah si Tilu Dewa teu daekeun gagabah , si Pulisi nu 
nyilidik teh diantep we; tapi ditarimana kacida someahna bari diwowoy ku 
sagalana; atuh eta pulisi balikna teh nyieun laporan nu hade pisan pikeun 
babaturan Pulisi di Puseur Dayeuh ; nya atuh eta kota teh teu dicuriga 
saterusna mah. Tapi keur ngawowoy eta Pulisi Si Tilu Dewa teh ngaluarkeun duit 
nepi ka Rebuan Tael . Si Tilu Dewa teu cicingeun terus we marentah anak buahna 
pikeun meres masyarakat didinya; dalihna mah "kaamanan"    
Dina hiji sore, aya tamu nu datang ka Losmen; hiji wanoja nu rupana kacida 
geulisna; diiring ku pangasuhna salaki jeung pamajikan. 
Nenjo wanoja nu sakitu geulisna, nungajaga kaamanan, nu rata2 anak buah si Tilu 
Dewa , mani molotot nenjona ; salah saurang gancang laporan ka kapala Kaamanan 
nyebutkeun yen aya nu herang2. Kade ah ulah diganggu, bisi anak pajabat cenak 
cek Kapala Kaamanan teh
Eta wanoja teh resepeun dikota leutik eta teh, terus we nginep di Losmen eta 
teh aya samingguna; keun cenah resep loba pamandangan di kota ieu mah.
Demi eta wanoja teh disebut Su Siocia ( Eneng Su lantaran she na SU) nu sejenna 
nu memang palayan eta Neng Su nu lalaki ngaranna Tan Liong ; ari nu awewe 
pamajikanana ngaranna Lu Eng Eng; eta wanoja teh kapangih ayeuna mah lain anak 
Pajabat cenah. Terus wae Si Kapala Kaamanan nu ngaranna Gouw Lokindit nepungan 
babaturanana rek ngabadamikeun si MOJANG Geulis tea.
Di na eta babadamian disatujuan yen eta mojang geulis teh bakal ddiolo supaya 
bisa jadi "Wanita tukang ngahibur tatamu" . 
Gouw Lok ngingetan:”Tapi kade euy ulah gagabah maranehanana siga nu ngarti 
Silat” 
“Hahahaha, geus sabaraha kali urang sok amprok jeung nu jago mempo; kapan 
akhirna mah urang oge pan nu meunang; ulah ham ham lah, ” Hoa Seng sobatna 
nempas . 




      

Kirim email ke