--- On Mon, 10/13/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Fw: Silat-5
To: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Monday, October 13, 2008, 9:56 PM
--- On Sun, 10/5/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat-5
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Sunday, October 5, 2008, 9:24 AM
ngomongna eta dua jelema teh sopan pisan, masing enya oge rada dijieun jieun;
tapi Neng Su nganuhunkeun ka eta dua jelema teh; saterusna Si Hoa Seng teh
ngulem ka Si Eneng supados kersa rurumpaheun ka tempatna. "Mangga diantos pisan
, kapan Eneng mah langganan Losmen ieu; tah atuh abdi sadayana nganuhunkeun
pisan wireh Eneng kersa kulem didieu; tah atuh ayeuna mah mangga urang ka
tempat abdi sadaya."
“Eh, maneh nyaho jeung saha maneh ngomong teh ? wawanian pisan ilaing ngulem ka
Gan Su ?”Pangiring awewe nu ngaranna Lu Eng Eng ngomong mani heuras pisan.
“Hehehehe, ngaran kuring Hoa Seng ieu akang Kim jenenganana Mo Hoo; enya oge
kuring teh ngan ukur cacing cau leutik2 wae mah kuring teh boga pamor oge di
ieu tempat teh; moal enya ngondang kitu2 wae teu meunang ?”
“Teu meunang! Jeungna deui urang teh rek indit ti ieu tempat rek neruskeun
lalampahan; urang euweuh waktu!”
“Hahahaha, maneh teh ngan ukur BABU , kunaon wanian pisan mapatahan aing hah
?!" Hoa Seng nyentak bari nunjukkeun paroman anu matak gigis batur, tapi Lu Eng
Eng teu riuk riuk malahan males nyentak :" Rek naon arilaing hah? Rek maksa ?
Moal mundur aing mah!"
Kim Mo Hoo geus teu sabar terus we nyabok ka Eng Eng, tapi.... plak plok, malah
kapiheulaan ku Eng Eng nu ngan sakilat dua kali nyabok si Hoa Seng, nepi ka
pipina beureum tapak ramo.