Emang kang, ngahaja sina kabaritaeun.
sina gancang karawin lah.

"Masa cuman dipake kencing doang  ... " :)

BTW, kang Miih,
kumaha, cenah jababeka rek jadi kota Cyber.
Cikan sugan aya lowongan IT keur kuring.
meh deukeut ka imah lah.


Miih M.Rafly wrote:
>
> Keur pamernya alias promosi he.he..
>
> -----Original Message-----
> From: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> 
> [mailto:[email protected] 
> <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>] On Behalf Of Irpan Rispandi
> Sent: Tuesday, October 14, 2008 2:20 PM
> To: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Goenawan Mohamad: "Pleonoxia"
>
> mendingan kuring atuh nya, PDKT teh ngan ukur modal email jeung telp
> kantor sapoe Rp. 1500,- (dibayar ku kantor). he..he..he.. prinsip 
> ekonomi dijunjung tinggi, dengan modal sekecil-kecilnya mendapatkan 
> untung yang sebesar-besarnya. Ayeuna geus ngasaan malam pertama. keur 
> ngusahakeun anak pertama (ti istri pertama?), bari rek nyicingan imah 
> pertama. he..he..he...
>
> Balik deui kana sarakah jeung Pleonoxia.
> tujuan kuring sabenerna mah nyaeta menyoroti karakter urang sunda anu
> Gengsian (kekeuh nya tibareto he..he..he..), anu kadituna bakal
> ngadorong kana sifat sarakah.
>
> Ari masalah HP mah eta ngan ukur trigger, pemicu, sasakala, neangan
> pipaseaeun. :)
>
> Sok saha deui anu wani. Jalma-jalma anu sarakah, mana, kadieu siah !!!
>
> tantan hermansah wrote:
> > Wah, Ua duduy mah da carana konvensional. Tapi bae, ari pdkt keneh
> > mah. Memang, neangan awewe teh siga investasi di pasar modal (hahaha).
> > high risk high return. Komo mun anu rada hese menang awewe mah...nya
> > kudu intervensi nu
> > laina: renovasi raray, awak, krrd.
> > SOk didu'akeun lah. Ke mun geus benang. Jual atawa sedekahkeun eta
> > hape teh.
> > Da ari geus benang mah, biasana modal jang ngiketna saeutik. Sabab
> > geus lain material deui (baca: modal pulsa, hihi)
> >
> > Tantan
> >
> >
> > On Tue, Oct 14, 2008 at 9:30 AM, ua duq <[EMAIL PROTECTED] 
> <mailto:dudi.herlianto%40gmail.com>
> > <mailto:[EMAIL PROTECTED] 
> <mailto:dudi.herlianto%40gmail.com>>> wrote:
> >
> > matakna kang tantan boga hape sabara wae ge bisa disebut sarakah
> > lin? kuring ge satuju, ukuran sarakah lain masalah jumlah, tapi
> > masalah mangpaat. kuring ngarasa boga hape tilu leuwih mangpaat.
> > jiga cek kang dikdik boga hape leuwih ti hiji lain masalah embung
> > sidkah (rarasaan mah teu boga hubungan langsung da, jeung mun kudu
> > diocal-ocal mah kamari lebaran beak leuwih ti 2000 jt keur sidkah
> > mah-bae ah rek disebut hayang katangar ge) tapi ieu masalah
> > ngirit. hape kahiji memang diancokeun keur nomer kuring nu
> > heubeul, nomer nu geus sumebar ka majhab papat, heuheu, lebar
> > lamun kudu dipiceun. salian ti eta, hoream deuih ari kudu ngaganti
> > stempel dina 400 buku kuring mah (di dinya aya nomer hape kuring).
> >
> > hape kadua, karek meuli bulan kamari. diancokeun keur ngungudag si
> > eneng(hahaha...) nu kabeneran boga nomer beda operator jeung nomer
> > nu kahiji. basa mimiti kenal jeung manehna mah, nelpon teh make
> > nomer kahiji, ngan geuning pulsa beak ngan sakoteap-sakoteap.
> > maklum pdkt, ngobrol ge diyayay-yayay haha.... sanggeus operator
> > disarua-saruakeun mah geuning pulsa teh jauh leuwih irit!!
> >
> > hape katilu, cdma. meuli baheula mangsa harga cdma jauh leuwih
> > murah tinimbang gsm. kaduhung ayeuna mah meuli ieu hape teh, ngan
> > rek dijual ge jadina murah pisan. ayeuna hp ieu jarang dipake.
> > cdma ambahanna leuwih heureut (aya batesan wilayah tea), teu bisa
> > dibabawa kamana-mana. paling dipake mun nelpon ka telp imah..
> >
> > haha..... bae ah kuring rek disebut sarakah ge, ketang! mun teu
> > kitu atuh moal kawin-kawin huahaha....
> >
> > cinta oh cinta geuning anjeun teh sarakah :))
> >
> >
> > On Mon, Oct 13, 2008 at 5:24 PM, tantan hermansah
> > <[EMAIL PROTECTED] <mailto:sariak.layung%40gmail.com> 
> <mailto:[EMAIL PROTECTED] <mailto:sariak.layung%40gmail.com>>> 
> wrote:
> >
> > Alus. Kang Irfan ceuk kuring lain rek pasea.
> > Ngingetan bae bisi kaleuleuwihi. Nya ari teu ngaraos mah,
> > mangga bae.
> > Da tong boro2 3, 4, 5, dalah hiji oge bisa jadi kaleuleuwihi
> > mun ditinggali tina mangfaatna anu teu aya mah.
> >
> > cenah, ceuk batur, ciri hiji manusa anu unggul teh, nyaeta mun
> > aya anu ngabejaan (ngiritik) langsung ninggali enteung. Nanya
> > diri.
> > Tapi mun jalma biasa, mun aya anu ngiritik teh, langsung muka
> > jandela neangan (kasalahan) batur...
> >
> > Punten ah
> >
> >
> > On Mon, Oct 13, 2008 at 4:52 PM, roro_rohmah
> > <[EMAIL PROTECTED] <mailto:Roro.Rohmah%40sidola.com> 
> <mailto:[EMAIL PROTECTED] <mailto:Roro.Rohmah%40sidola.com>>>
> > wrote:
> >
> > Haaaaarrrr... Kalahka parasea kieu Jangs?!
> > Rek boga hape 2, 3, 4,5 nepi ka welasna ge, teu neon2 lain?
> > Ari kabaredageun mah... ?
> > Duit-duit batur? Naha milu riweuh?...
> > Asal tong mentaan duitna ka batur keur meuli hangphone &
> > pulsana ...
> > Komo ladang tina malak, maling atawa korupsi... ih, ulah
> > pisan Sujang!
> >
> > Punten, lain mamatahan kanu baroga hape ieu mah heheheh...
> > Heureuy, ah...
> > ro2
> >
> > --- In [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>
> > <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>, Irpan Rispandi
> > <[EMAIL PROTECTED]>
> > wrote:
> >
> >
> > >
> > > KISS = Keep It Simple Stupid !!!
> > >
> > > sederhana, sacukupna.
> > >
> > > jang naon ngabogaan saloba-loba, samahal-mahal. dua juta
> > tilu juta.
> > > padahal anu 300 rb-an oge geus mencukupi.
> > > duit sesana kapanan bisa dipake meuli barang sejen anu
> > mangpaat.
> > > lamun kabeh kabutuhan geus katutupan, boga keneh sesa, nya
> > ditabung.
> > > lamun duit geus ditabung, nyesa keneh.
> > > nya disedekah keun.
> > >
> > > ieu nu penting. Sedekah....
> > > Sedekah teh jadi solusi anu strategis dina mengatasi
> > masalah pelik
> > > sosial dan perekonomian yang saat ini tengah mengguncang
> > dunia.
> > > cieee... keren nya he..he..he..
> > >
> > > sedekah keun kaleuwihan duit teh, ulah dipake meuli HP
> > model anyar.
> > > sedekah keun ka dulur urang.
> > > mimiti ti dulur deukeut, adi, lanceuk, misan, jsb. ameh
> > ulah
> > kajadian,
> > > kulawarga lanceukna jegud, ari kulawarga adina balangsak.
> > pisakumahaeun
> > > teuing peurihna hate kolot. ner teu?
> > > terus dulur sa lembur, tatangga jsb.
> > > terus dulur sa akidah, papada muslim.
> > > terakhir dulur sa-spesies, papada homo sapiens he..he..he..
> > >
> > > ulah keleuleuwihi euy.
> > > secukupnyah sajah.
> > > da moal modar lain teu boga HP dua oge?
> > >
> > >
> > >
> >
> > ,_._,___
> >
> >
> >
> >
> > --
> > d-: dudi herlianto :-b
> > ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
> >
> >
> >
> >
> > --
> > tantan hermansah | SM 1270
> >
> > __
> > .
> >
> >
>
>
>
>  


Kirim email ke