Tinggal Yakin Eta Gambaran

 

Kujang jeung loreng bener sapasang,

dua tanda nu nyirikeun kagagahan,

kagagahan wadia balad pajajaran,

jang nyingkirkeun kamurkaan nu mawa kasalahan,

kurang jelas naon deui nu datang kana implengan? 

 

Teu samata-mata boga gambaran,

lamun euweuh nu mere gambaran,

tinggal yakin eta gambaran,

titipan ti pajajaran.

 

Ku pakarang nu ngarana kujang,

urang sunda wani makalang,

dibarengan wawanen si belang,

istuning jodo dua sifat jaka lalanang.

 




      

Kirim email ke