--- On Mon, 10/6/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat-7
To: [EMAIL PROTECTED]
Cc: "urangsunda" <[email protected]>
Date: Monday, October 6, 2008, 9:46 PM







Tacan oge Neng Su Ngawalonan aya sora nyikikik, ari ditempo teh si horeng si 
budak sakola teh, nu kakara kaluar oge ti eta restoran. 
“Heh, cacing cau ! naon sababna maneh cicikikikan kitu hah !?” 
“Hehehehe, kuring seuri ku biwir urang , aya naon arilaing jalma nu lima 
pipilueun ?" budak sakola morongos nembalan.” 
“Hey dengekeun ku ilaing cacing cau, ieu urang teh kasohor lima jago andelan, 
euweuh nu wani ka urang mah, komo deui atu ilaing cacing cau! tong neangan 
masalah jeung urang, nyaho?!” 
“Hahahaha, 5 jago andelan ngahina hiji wanoja , pantes henteu nya !?” 
“Repeh siah gandeng ! Hai barudak tangkep tah si budak sakola cacing cau teh, 
tong dibere kasempetan ngomong ! ka lieur lieur ngabandunganana oge !” 
Sababaraha hiji kaamanan gancang ngadeukeutan si budak sakola rek di tarewak, 
tapi teu kanyahoan iraha kaluarna ngajega si nu baju hejo bari panonna seukeut 
nempo ka nu rek narewak; rada gimir oge eta kaamanan teh nempo si baju hejo nu 
boga perbawa ; kaamanan nu hiji ngawanikeun maneh ngomong :”Gan! anjeun mah 
tamu kuring atuh, mangga we atuh teraskeun perjalanan anjeun, ulang milu2 kana 
urusan kuring.” 
“Heheheehe, naha 3dewa jeung kambratna biasa ngahina ka nu  lemah ?!” Ngadenge 
kitu nu opatan kaamana teh ngepung si baju hejo, bari ditambahan deui limaan nu 
daratang ngabantuan ; kabehanan nyarekel pakarang bari diamang amang. 
“Hahahaha, maraneh rek nembongkeun kabisa hareupeun uing, sok lah hayang nyaho 
sabaraha kadigjayaan marangkeluk anak buak Tilu Dewa teh !” 
Salapan urang kaamanan teh teu antaparah di nyerang ka Si Baju hejo ku 
pakarangna sewang2an nu saterusna nimbulkan sora jelema ting jarerit bari jeung 
eta nu salapan teh ting jarungkel ngan sakilat pisan , duka kumaha carana ku 
cepet2na eta gerakan Si Baju Hejo ngayakeun bela dirina. Kajadian ieu teh 
ngajadikeun Si Lima Jagoan Andelan kacida kagetna ; maranehanana teu jadi 
ngepung Neng Su, tapi teus nyalampeurkeun ka Si Nu Baju Hejo bari pok 
ngomong :”Sobat, nu ti mendi andika ? hampura kuring sarerea teu mere tabe ka 
andika ; mun aya kaperluan naon2 sok menta wae ku urang moal teu ditedunan 
"Omongan eta teh kode di Kaum Kang Ouw nu hartina mun butuh harta atawa duit 
bakal disadiakeun. Si Baju Hejo seuri mani ngagakgak, terus manehna mgadehem nu 
boga harti teu ngahargaan ka nu lima jagoan, terus ngomong teugeug pisan:”Hmmm, 
ditempo tempo ku kaula kambratna Tilu Dewa teu beda jeung baragajulan buaya 
darat, nu kabisana ngan ukur ngahina ka nu
 lemah; aing moal cicingeun nempo hal nu teu adil di hareupeun ."



      

Kirim email ke