Wilujeng sumping ka sadaya wargi enggal, mangga kalebet.
kamari teh ningali Cep Runa, asa2 kenal heuheuheu.
da wargi heubeul, kamana wae cep? Tos panen can?

Akang2, teteh2 seueur wargi enggal nu hoyong ngalereskeun basa sunda saurna.
tapi upami sapertos abdi nu ti Bogor, katelah heras genggerong tea kumaha
nya,
tiasa di lereskeun kitu?
pami tos janten kabiasaan sadidinten, sapertos adat nu tos kakurung ku iga.

Upami kempel sareng urang bandung,garut,tasik,sukabumi tiasa di ajar rada
lemes nyariosna,
tapi di bumi mah nya kitu deui we :(

Kadang malah mending nyarios ku basa indonesia supaya teu isin.

Hapunten ka sadayana upami cariosan abdi tetep heras alias kasar upami
patepang atanapi di milis.

Baktos,
Mia

On 10/15/08, eka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Wilujeng wengi sadayana....
>
> Neupangkeun abdi urang Sunda nu basa Sunda na mimiti ngaco.....isin di
> sengseurikeun wae ku kulawargi pami nuju ngempel....xi..xi..xi...
>
> Janten....mugia diwidian gabung di group....kanggo "memperbaiki" basa
> Sunda abdi.....
>
> Please....
>
> hatur nuhun
> eka
> .
>
> 
>

Kirim email ke