--- On Mon, 10/13/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Fw: Silat-8
To: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Monday, October 13, 2008, 10:38 PM








--- On Thu, 10/9/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat-8
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Thursday, October 9, 2008, 3:51 PM







“Hahahaha, ooo maneh teh rek ngajago siah?! dikira aing sieun kituh ? ngan 
kulantaran nempo maneh alus ilmu silatna, aing mere hate ka maneh ; dibere hate 
maneh mah menta jajantung, sok lah maju urang coba2 ngadu jajaten !”  si 
bandringan beusi ngomong mani noroweco. 
“Hahahaha, jadi lah sok naon kagagahan maneh, aing moal mundur sajeungkal oge, 
hayang neuleu nepi kamana kadigjayaan arilaing teh” 
“Hahahaha, soook siah,…….hai aladria batur sok tetep tewak tah si budak sakola 
rudin teh jeung paksa eta budak awewe sina milu ka urang; urang rek 
nyinghareupan ieu mangkeluk nu sok ngajago !” Parentah geus kaluar ; atuh der 
we rame ku nu garelut di hareupeun restoran ; ai budak sakola mah , unggal rek 
ditewak atawa diteunggeul teu welwh jejeritan tulung2an; tapi nu ngajarungkel 
mah nu rek narewak tea. Si budak sakola teu katangkep, malah mah para kaamanan 
tingjarungkel, bari tingaraduh nyarerieun . 
“Hahahaha, kumaha Si Tilu Dewa rek ngajungjung dirina didieu; nyanghareupan 
budak sakola wae teu becus !” Ceuk Si Baju Hejo nyeungseurikeun , bari terus2an 
nyingcet ti na kerepukan 5 jago ndelan . Masing enya ge diraponan , eeeh Si 
Baju Hejo mah masih tenang we ngalayanan eta 5 jago Andelan teh; teu gimir teu 
sing padahal mah geus tilu kali dibaledog peso ku Bun Tiong ; eh tetep we teger 
, malah bari bisa ngomong keneh ngaledek . Si Pedang Halilintar Kim Peng 
terus2an nyabetan ; tapi bisa dilawan mani tepat pisan Si Ramo Beusi oge jeung 
Tapak Pasir milu nyerang mani rekep pisan; tapi kabeh ge bisa dicingcetkeun 
kalawan manis pisan . Malahan mah Si Baju Hejo teh bisa males oge nepi ka eta 
nu ngepung teh laluncatan, ampir2 katinggang . Demi Si Goan Hok Si Bandringan 
Beusi mah masih terus we muterkeun bandringanana ngarah ka na kalemahan Si Baju 
Hejo ngincer bisi bae Si Baju Hejo balangah . 
Di medan nu sejen deui , para pangawal ngoroyok Tan Liong jeung Lu Eng Eng; ieu 
nu duaan teh kacida repotna lantaran diraponan bari jeung marawa pakarang ujug2 
sret we buuk Eng Eng kapapas ku Bedog . 





      

Kirim email ke