Acara Unicode Aksara Sunda di Unpad Basa sasih mei pareng ka indo, simkuring ngiringan acara seminar standardisasi aksara sunda kanggo unicode harita nu janten pembicara teh aya nu ti kusnet sareng ahli aksara sunda (upami teu lepat mah kang Undang Darsa, kang Tedi Permadi, kang Hasan/MH, sareng dadan Sutisna), nu sadayana ge kalebet kana tim unicode aksara Sunda. Simkuring naros ka panitia, saha bae timna teh saurna aya 10 urang, di antawisna aya nu ti perguruan tinggi, ti kusnet, ti ahli aksara sunda, sareng sajabina ari nu janten koordinator tim teh Kang Oman. mung aya sapalih tim nu teu hadir kana eta acara teh di antawisna kang dian da nuju di jerman. Tos kitu para pembicara nerangkeun perkawis aksara sunda. simkuring rada tertarik komo saatos maosan makalah sajarah aksara sunda. hanjakal basa Dadan sutisna nrangkeun perkawis unicode waktosna kabujeng seep janten panasaran keneh tah ku nu namina unicode. wangsul ti seminar teh teras we diajar aksara sunda . hehehe bari ngntos-ngantos sugan hasil kajian tim enggal beres, sugan we engke mah postingan di milis teh teh tiasa nganggo aksara sunda tos kitu simkuring wangsul deui ka us, tapi angger panasaran hoyong terang perkembangan, nya simkuring nuturken perkmbanganana ngalangkungan internet. Saurna aksara sunda teh tos lebet kana standar unicode, mung dina seminar disebatkeun aya nu bade direvisi bentukna sareng jumlah hurufna, margi saur pa undang aksara sunda nu standar mah teu aya ipis kandel. Tos kitu tim nu didaramel di bandung ngyakeun deui kajian kana aksara-aksara sunda, kanggo ngadamel standar cara nulis sreng bentuk aksara sunda. Upami maos berita dina PR tea, katingalna sanes unicode wungkul nu penting dina acara senen teh, nanging oge buku direktori aksara sunda nu baris janten referensi kumaha nganggo aksara sunda. proses ngadamel eta buku, ti kawit nyusun dugi ka nyetakna geuning nyeepkeun waktos genep sasih ti waktos seminar teh. Sae pisan upami tos tiasa medal mah supados urang tiasa enggal diajar.Hatur nuhun pisan kana jerih payah Dadan sutisna oge tim unicode aksara sunda anu sanesna anu panginten ti mimiti seminar persiapan..nyiapkeun ngotektak nyiapkeun bahan dugika nyetak..anu sakitu nyeepleun waktos lami sareng mugi tiasa enggal katampi ku sadayana (da saurna bade aya versi e-bookna) . Simkuring mendakan informasi ulemanana di dieu: http://daluang.com/data-upload/uleman_unicode_aksara_sunda.jpg
Punten bilih kapanjangan malum sono hoyong enggal diajar aksara sunda . nty --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Horeee...jadi euy aksara Sunda asup Unicode > nuhun ka kang Dian Tresna Nurgaha di Universitas Karlsruhe Jerman > oge baraya sanesna nu milu ngurus > > --------- > aya acara launchingna, > ieu sms ti kang Oman > > Acara Launching Unicode Aksara Sunda > dinten Senen 20 Oktober 2008 > tabuh 09-rengse > tempat: aula Sanusi Hardjadinata > kampus UNPAD jl. DIPATI UKUR 35 > BANDUNG > > kanu salse mangga diantos kasumpinganana > > ---- > > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > http://mangjamal.multiply.com >

