---------- Forwarded message ----------
From: Bunbun Bunyamin <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Fri, Oct 17, 2008 at 4:23 PM
Subject: Re: Yahoo! Groups: Welcome to urangsunda. Visit today!
To: urangsunda Moderator <[EMAIL PROTECTED]>


Assalamualaikum,
punten nepangkeun abdi pun Bunbun ti Cibaduyut.
Abdi ngarasa bungah ku ayana ieu forum.
Abdi bingung timana ngawitana, margi loba pisan nu hayang dipedar
atawa ditanyakeun ku sim kuring, conto anu ayeuna ku sim kuring
diserat, asa rea anu pabeulit dina tata basa atawa undak usuk basa.
Abdi atawa sim kuring anu benerna atawa anu leresna?
Aya rasa kaduhung baheula keur sakola teu pati resep kana basa sunda
teh, pedah ngarasa hese jeung euweuh anu nagaping. Ari ayeuna kuring
ngarasa sieun mun rek make basa sunda, sieun salah undak usukna.
Sakali duei punten rada cologog, jol langsung "curhat".
Nuhun & wilujeng, Mugi Gusti maparin jalan anu lancar keur urang
ngamumule budaya sunda.

Kirim email ke