Sampurasun ki Nongerak,
 
Kuring bungah tur ngarasa bagja
Gening aya nu bisa ngajak cumarita
Ngalilirkeun nu keur sare tibra
Ngaguar carita mangsa sunda jaya
 
       Sok atuh ayeuna mah geura balaka
       Saha wae nu geus dibere tanda nu nyata
       Lain kuring henteu percaya
       Tapi di hate masih aya rasa cangcaya
 
            Sok atuh anyeuna kuring geura dibaca
            Rumasa diri euweuh kabisa
            Nyiar mah geus ka mana mana
            Tapi can aya nu bisa bener - bener muka
 
                    Kuring percaya salira teh leres waskita
                    Salami aya widi tinu kawasa
                    Sok atuh geura baca ku salira
                    Saha sim kuring saenyana
 
 
Wassalam,
 
Sukma Alam Brata Wijaya
 
 
 
 
       


--- On Fri, 10/17/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] (Serat: 105)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Sugan Bisa Kuring 
Milu Maca
To: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda" <[EMAIL 
PROTECTED]>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Friday, October 17, 2008, 6:11 AM











Sugan Bisa Kuring Milu Maca
 

Tirta anu seungit wawangi wijaya kusuma,
diharepkeun hirup nanjeur mawa wawangi ku kolotna,
mang taun-taun nedunan kahayang kolotna,
ngan asa aya keneh nu ngaganjel kana sukma. 
 
Bagja ngabagi elmu ka sasama,
estuning dipisuka Nu Maha Kawasa,
mun aya nu acan kabaca,
sugan bisa kuring milu maca.
____________ _________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail. yahoo.com  













__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke