--- On Mon, 10/13/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Fw: Silat-9 To: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Monday, October 13, 2008, 10:39 PM --- On Fri, 10/10/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Silat-9 To: [EMAIL PROTECTED] Date: Friday, October 10, 2008, 10:32 PM “Kurang ajar! Maraneh memang kudu diwarah !” saparantos nyarios kitu, belesat2 wae Neng Su luncat bari nyabokan nu ngarepung, ngan sakilat2 pisan; nyata neng Su teh ginkangna sae pisan. Buk ! Buk ! aduh! 5 pangawal kaamanan tinggarolepak kacabok Si Neng Su bari teu bisa nakis2 acan ku kesit2na Neng Su . Si nu ngepung kakara apal ayeuna mah yen Neng Su teh sanajan masih wanoja leuwih hebat ti batan pangiringna. kajadian ieu teh ngalantarankeun nu ngarepung ngan ukur wani ti kajauhan we ayeuna mah. Ari Si Kim Moo Hoo jeung Si Hoa Seng mah duka kamarana tah geus teu katenjo deui. Keur rame3 kitu aya nu ngomong teges pisan: Eureun sakabehna!" omongan eta teh lin ngan ukur ngalantarankeun anakbuah malundur kabeh, tapi oge Si Lima Jago andelan oge laluncat malundur . Keur si Baju hejo ieu sora teh karasa aya tanaga nu kuat perbawana, jeung boga lweekang anu kuat oge; ku sabab kitu Si Bajo Hejo nahan diri oge teu ngudak ka musuhna nu limaan tea; nungguan bari jeung waspada/taki taki. “Para saderek sadayana, kaula Tiluan kacda hanjakalna ku kajadian ieu teh , Kaula geus ngarepotkeun para saderek sadayana, utamina ka Eneng Su; keur nunjukkeun yen Kaula enya2 hanjakal, tah disaksian ku sadayana kuring bade ngahukum jelema nu ngalantarankeun ieu kaributa. Heee mana kadieu mangkeluk2 nu saralah teh bawa kadieu !" Sakedet netra geus digalusur Kim Mo Hoo ,Hoa Seng,Gouw Lok dan nu sejenna deui ngadep bari leungeunna dibararogod. Nu datng ayeuna teh nyata Si Tilu Dewa pisan. “Kuring Tiluan ngarasa hanjakal pisan, utamina ka Neng Su; tah ayeuna cobi ku Eneng sebatkeun kumaha carana ngahukum ieu cacing cau2x teh ; kuring moal manjangkeun deui ieu urusan; kuring oge bakal mere oleh2 pangeling ngeling ka Neng Su.” Omongan nu Tiluan teh ditarima ku Neng Su, da bubuhan Neng Su mah teu resep ribut mn teu perlu mah Si Baju Hejo oge ngaras sugema Si Kutu Buku mah ngan ukur ngagelenyu , samasakali teu nembongkeun kayaan hatena. “Ah, Atos we nu penting mah kuing bisa indit ti dieu kalawan bebas.” Kitu nyariosna Neng Su Hanca __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

