Kang Abbas, maksudna naon ditaroskeun di email salira di handap ieu teh, nya? Bingung asa teu puguh subyek, predikat jeung obyekna. Anu dimaksud "nu sim kuring mah telat wae" teh naon? Naon anu sim kuringna? telat timana, kamana? Naon anu batur geus kamana wae? Naon anu "kuring mah leuir teuing nepi ka haseum teuing" teh? Mugi sing jelas patarosanana supaya jawabanana oge jelas.
Contoh anu jelas kieu: " Kunaon nya email-email ka mail box sim kuring mah telat asupna, nepi ka batur mah tos ngawaler kamana-mana (kana eta email-email teh), ari si kuring mah leuir wae mairan (eta email-email teh) nepi ka geus haseum teuing (diibaratkeun kana katuangan), karek si kuring bisa mairan". Naha kitu maksudna postingan salira di anu dipairan ku sim kuring ieu teh? manar On Thu, Oct 23, 2008 at 10:20 PM, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kunaon nya kang Oman, nu sim kuring mah telat wae? > batur mah geus kamana wee ? eee nu kuring mah leuir teuing, jadi geus haseum > teuing >

