si andiw chinook, tukang kaos nu oge nyieun kaos che vot (gambarna ti kang Duli jeger), ayeuna gawe di jakarta. di pausahaan join operation body, pertamina jeung petrochina. blok jatim. gawena jadi dukun alias tukang ngaramal: ngira2 naha di jero taneuh aya minyak atawa euweuh. mun aya sabaraha lobana, ekonomis teu mun disedot. kira2 kitu meureun. heuheu. sigana geus teu bisa ngurus kaos.
tapi mun euweuh nu daek, meureun bisa ngumaha ka manehna deui, atawa ka Ua Sasmita nu ngadamelna da bari ngurus buku sunda di bumina oge ngadamel kaos make basa sunda. kaos che voth teu aya stok, jadi kudu pesen heula minimal salosin. tapi hade oge mun aya baraya kusnet, nu nyieuna. jadi meureun ka singsah nu rek pesen, nya kudu daptar heula, minimal salosineun. mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com

