bener pisan kang satuju lah... ke ari ka aceh deui rek nyimpanglah ka akang.. abdi sok cicing didaerah kelurahan garut mun ka aceh lepeng ka kulon mun ti pemadam kebakaran mah...
baktos AP SUNDA MERDEKA RIS euy On Mon, Oct 27, 2008 at 11:56 AM, arif ramdlan <[EMAIL PROTECTED]>wrote: > > Salam ka baraya sadaya. > ieu mah ngan sa ukur pamadegan. kapanggih kupangalaman salami di Aceh. > Kuring kadang sok ditanya ku urang Aceh pake bahasa Jawa. nya puguh we > kuring teu ngarti, da lain urang Jawa. > Hiji poe Cut Man, urang Meulaboh, Aceh Barat, nanya pake bahasa Jawa. > Tadina meureun rek pamer manenha bisa bahasa Jawa...tapi kasian deh lho !! > da urang teu ngarti sa eutik oge. Cut Man, bengong. naha cena beut teu > dijawab. Ceuk kuring, dan saya nggak ngerti, da saya mah bukan orang jawa, > saya orang Sunda. bahasa Sunda jeung Jawa beda.. > Cut Man, kakara kaharti ngadenge penjelesan kuring. > Urang Aceh rata-rata nyebut JAwa kanu datang ti luar, nyebut Jawa na teh > meuni bari ceuceub, siga nu ngewa. Pedah cenah da urang Jawa Indonesia > ngadong ngajajah Aceh. > > nya saenggeus nyaho kuring urang Sunda, lain Jawa, Cut Man rada ngahargaan, > tara olo-olo, tara gede hulu. malah sok milu handap asor sakapeungmah lamen > papanggih di jalan. > > nya...loba dongen, ti baraya Sunda nu ngadong ngumbara di Aceh. cenah lamun > urang sunda mah da dihargaan, raresepen. beda ka urang jawa. > > Tah, tidieu saya mikir. Naha kolot urang baheula beut teu nyieun ngaran > provinsi teh Parahiyangan atau Sunda. da puguh urang teh lain urang Jawa. > Maka saya basa Banten misah ti Jawa Barat, ngarenjag, tapi langkah anu tepat > keur nonjolkeun citra diri urang sunda asli.... > > di Aceh oge kitu...urang Gayo embungeun disebut Aceh..tetep we hayang > disebut Gayo. da bahasana oge jauh pisan bedana. > > Ieu pamendak kuring.... cik lah obrolkeun ka kolot urang di sabudereun > parahiyangan..geura ganti ngaran Provinsi Jawa Barat teh ku ngaran Provinsi > Priangan atawa Provinsi Sunda.... > mereh urang sadayana boga kaarifan, ciri lokal anu jelas sebagai modal jual > unggulna budaya Sunda di mancanagara.... > > Jadi ulah aya deui urang Sunda ditanya ku bahasa Jawa..... > Kitu tah baraya? > Kumaha? > > Salam > Sunda Merdeka !!!! > > > > -- ----------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN +62 812 837 7662 www.garutleather.com ----------------------------------------------------------- www.independen.wordpress.com

