--- On Mon, 10/20/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> Subject: silat-14 To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]> Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Monday, October 20, 2008, 1:08 PM Satutasna nu tiluan teu kaciri deui, tukang panday teh ngadeukeutan ka ki semah bari dumareuda:" Gan, agan tos ngadamel hiji awal nu bakal ngajadikeun ieu tempat jadi ajang kasusahan, cing ayeuna mah enggal we agan teh angkat ti ieu tempat." Ki semah teu ngawalonan ngan mencrong we mani jero ka si tukang Panday. Keur kitu jol wae puluhan jelema nu marawa pakarang dipimpin ku 5 jelema nu kacirina Ilmu Silatna hoded oge; singhoreng teh eta 5 jago Andelan anak buah si Tilu Dewa tea. Nya eta : Si Rantai Besi, Si Pedang Halilintar, Si Jeriji Besi dan Si Tangan Besi, serta si Jago Pisau terbang ! “Tu geuningan agan, Enggal angkat sing tebih, supados ulah aya kaributan nu ngalantarankeun seueur korban!" kitu omongan Ki Panday bari dumareuda. Ki Semah mah ayem we, manehna nyanghareupan ieu puluhan jelema teh bari semu nu nganggap enteng . Demi Si Lima Jago Andelan tea nempo sikep Ki Semah nu sakitu ngahoana , kacida arambekna. Maranehanan teh enya ge Ilmu Silatna lumayan, tapi can loba pangalaman, komo di na hal Jago2 Kang Ouw mah kanyahona minim pisan tah Si Lima Jago Andelan teh. Paling2 ngan ukur ngadenge beja bari teu pati paduli; da asa aing jago teu deungeun tea. Haok teh Si Bandringan Besi ngahaok ka Ki Semah:" Hey sebutkeun ngaran jeung gelar andika, saencan leungeun andika dipiteskeun ku aing !" Curukna mani bentik wae nunjuk ka Ki Semah. Ujug2 berebet wae Ki Panday nyembah2 ka nu limaan bari ceurik, omongna teh :" Oh Lima Jago nu taya tandingna di kolong langit, abdi nyuhunkeun sewu2 bebendu , wireh abdi rumaos nu ngajadikeun lantaran ieu kaributan; ari ieu mah Ki semah ngan ukur sakadar ngalangkung , teu tuah teu dosa kaulanun, mangga wae abdi nu kedah dihukum mah." “Hahahaha , kuring nu matak datang ka dieu teh, memang ngahaja pisan rek nepungan anjeun Ki Panday !” Ki Semah teh malahan ngomong nu saperti kitu, bari panonna mencrong kalawan seukeut ka eta tukang beusi tea, teu pisan malire ka nu ngarepung mah . Nya tangtu wae kalakuan Ki Semah kitu teh meakeun kasabaran Si Lima Jago Andelan; teu antaparah deui jekok wae si panday teh disepak mani ngajongkeng pisan, atuh mani jejeritan aduh2an ku nyerieunana; ari Ki Semah nenjo bari jeung kaciri semu heran atawa teu nyangka teu sangka meureunan nepi ka kituna eta si Tukang Beusi teh. ( Basa Indonna mah pandangan aneh dan tak mengerti ) “Hmmm, tong nganaha naha siah, mun maneh ayeuna paeh teu kanyahoan ngaran ! Hai hayo kepung wakul buaya mangap ieu jelema teu boga cedo teh !” Teu kudu dikomandu ngaduakalian eta puluhan jelema nu baruringas terus we ngerepuk ka ki semah ku pakarang nu geus dilalugas ti tatadi, tapi teu nyaho kumaha carana ku cepet2na eta Ki semah, euweuh hiji oge pakarang nu bisa ngeunaan ka eta ki semah anyar pinanggih, malahan mah kabehanana malundur, aya oge nu ting kudupung pakarangna rabeng lesot tina leungeun maranehanana ! Ngan ku sagebragan kitu , nyata pisan hebatna ieu ki semah, atuh kacida kagetna Si Lima Jago Andelan teh, ayeuna maranehna rada was was ngalawan ka Ki Semah teh, trus wae maranehna nitah salah sahiji anak buahna pikeun laporan ka Tilu Dewa. Tapi karek ge malik rek ka kota ari guprak wae rubuh eta anak buah teh , bari teu nyaho lantaranana. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

