di koran Kompas, ayeuna aya model iklan make lembar saparapat,
dihareup. nu mindeng mejeng teh SBY. tah di poe ieu mah, PDIP jeung
Megawatina. malah ditambahan salambar koran ditukangna. beureum.
ayeuna tanggal 28 sumpah pemuda,  nomor urut pdip di pemilu 2009, pas
jeung tanggal soempah pemoeda. 28.

teuing sabaraha puluh-ratus juta mayar iklan eta. mun pikeun ngahadean
wangunan SD di daerah nu rarusak, meureun jadi kahadean, jadi amal,
didaru'akeun teh bari ihlas.

tapi da hirupna full of irony.

PKS cenah mah partey potensial.adi uing oge kulawargana di tumbilaloka
miluan. oge dulur di cirebon/indramayu. make jurus wright or wrong is
my country, si uing kudu milih urang ciamis. Suriliismeu. heuheu.
Surahman, oge Suharna Surapranata, tegep tah ngaran teh. sanajan sok
asa aneh, kabiasaan ngaran nu di luhur marake o.




On 10/27/08, Ukay Karyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Yuddy nyalonkeun atanapi dicalonkeun?
>
> Sent from my BlackBerry(R) wireless device from XL GPRS/EDGE/3G network
>
> -----Original Message-----
> From: "Kumincir Wikidisastra" <[EMAIL PROTECTED]>
>
> Date: Tue, 28 Oct 2008 13:09:20
> To: Kusnet<[email protected]>
> Subject: [Urang Sunda] Capres US
>
>
> Di ditu di dieu geus haneut & beuki hangkeut promosi capres... Kumaha
> dongengna capres urang Sunda teh...? Geus aya calon? Yuddy Chrisnandy?
> Nu sejenna?
>
> Ti detik.com, aya beja yen PKS geus ngaluarkeun daptar capres nu rek
> dipajukeun
> (http://www.detiknews.com/read/2008/10/26/170512/1026199/10/8-capres-pks:-hidayat-hingga-irwan-prayitno).
> Aya dalapan ngaran, nu mun tina ngaranna kuring nebak sahanteuna aya
> dua urang Sunda: Surahman Hidayat jeung Suharna Surapranata. Ladang
> ngotektak, kapanggih Surahman urang Ciamis, Suharna urang Bandung. Aya
> anu minat?
>
> --
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
> su.wikipedia.org
> www.urangsunda.or.id
>
>


-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke