Mangsa Ba'da asar Mang Darma aya maksad nyaba ka mangkalaya. Ka
barayana ngaran Wa Tantan. Bral arangkat , ngahaja ngajak Kang Maman
ngarah aya balad. Sajajalan mang Darma rada agag-agagan lantaran
jarang aya parawan batan gandangna. Manah mang Darma nalangsa "
kahayang mah nganjang ka parawan , ngan hanjakal taya waragad jaba
anakna balatak.
Kang maman mah tara hayang ka parawan sabab garwana rada galak sarta
bapana tara ngajak.

Jalan Ka Mangkalaya batan tarahalna malah aya tanjakan sagala. Jaba
jalanna narabas mapay-mapay gang. Kang Maman ngarasa hana'ang, gap
kana wadah lahang. Awakna Karasa asa rada jag-jag.

Sadatangna ka Mangkalaya nyampak taya sasaha da barayana angkat ka
cantayan maksad ngalayad anakna ngaran Ratna, lantaran kakara anyar
Babar.
Mang Darma Nyangsaya na samak kang Maman mah lalangkarakan.
" Lah hanjakal taya sasaha, mangka karasa lapar.." wakca kang Maman.
" Naha lapar nyah, pan anyar dahar ?" Mang Darma nanya.
" Tacan, karak ngadahar bacang!" jawab kang maman.
" Sabaraha ngadahar bacangna ?
" Dalapan..!"
" Balatak dalapan mah panyana can sarapan !" Mang Darma ngadadak galak.
Kang Maman karah nyakakak …..ha..ha…ha..ha…

Basa Wa Tantan datang, Mang Darma ajrag-ajragan lantaran barayana mawa
nangka sakaranjang.
" Alaaah nangka nyah wa, Kahayang sayah nangka mah..?
" tah dahar nangkana, ngan hanjakal atah.." Wakca Wa Tantan
" atah nyah, naha..? Tanya Mang Darma
Wa Tantan ngajawab " Pan anyar ngala…!"
" Ah da sayah mah hayang…!?"
Dasar jalma balangsak mang Darma ngadahar nangka atah aya kana
salapanna, kang maman mah karah asa-asa lantaran basa gap kana nangka
atah , lar aya Pa Rahman sarta nyaram kang Maman ngadahar nangka atah.

" Ngadahar nangka atah mah karah matak kana padaharan, bakal kababayan
sarta bakal panas sa-awak-awak " Pa Rahman ngawakca.

" Pan taya kadaharan kajaba nangka atah…"

" Aya tah, hayang mah martabak asak..!?"

" Sabaraha nyandak martabak asakna ?" tanya Kang Maman

" Salapan candak dalapan..!" Jawab Pa Rahman

Hanjakal nya !

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke