muhun kang Indra.. leres da masakan anu siga runtah teh ngangge daun ganja tea.. mimiti mah urang meuni lieur. trus tatanya ka babaturan di aceh, kunoan urang bet lier. pokna teh cenah, bari ngaharewos make daun ganja dan biasa didieu mah. ari nu make daun ganja biasa masakan di Aceh Besar... kumaha cenah cek aturan? nya urang aceh make saeutik, bari berfilosofi teu meunang teh lamun dipake ngagele bari ngadu bako di pos ronda. bari malikan pangalaman siga urang sunda ngarujak kucubung, pan matak gelo tujuhpuluh peuting... hah aha hah ahah ingeut ka Si Daud jeung cep Yedi urang nagrak, maripari sukawening, garut, keur SD baheula ngadong ngarujak kucubung...ngan gempar sakabupaten tah harita...8 urang murid 'garelo'.....
--- On Mon, 10/27/08, Indra Tritura <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Indra Tritura <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] teu beuki Ceker Hayam To: [email protected] Date: Monday, October 27, 2008, 10:40 AM Hahahahah.. Aduuh..,aya ku raos sueri maca pangalaman Kang Arif. Nuhun ah Kang! Eta nuang asakan nu jiga runtah tara lieur Kang? da biasana sok ditambihan daun eta tea ceunah mah... (ceunah!) Wassalam, IT From: arif ramdlan <riframadlans@ yahoo.com> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Monday, October 27, 2008 6:09:14 PM Subject: [Urang Sunda] teu beuki Ceker Hayam Yeuh rek ngobrolkeun pangalaman. Kamari soal heuceut ayeuna soal ceker hayam ----------- Hiji mangsa, ngahaja ngadong balanja ka pasar, neangan ceker hayam.puguh geus lila tara manggih ceker hayam dina sayur sop. nya manggih di pasar peunayong, banda aceh. Bari meuli hayang sahulu, ngahaja menta meuli ceker. Naha atuh bet ditanya kutukang hayam teh. Buat apa bang, ceker ayam? harita teu panjang mikir, ngajawab sakeunana, "Buat makan ikan lele,? "oh ambil saja ni bang semua," ceuk si tukang hayam bari ngaluarkeun dua kantong keresek pinuh ku ceker hayam. ceuk na hate, aya ku bageur ieu jelema. nepi ka imah, pamajikan bibirigidigan ninggal ceker hayam sakitu lobana. "Buat apa ni A,? nanya siga nu panasaran "ya untuk dibikin sayur sup," tembal kuring "haa !!, pamajikan beuki aneheun Kecap carita, pamajikan nya ngagawean masak eta ceker hayam teh. teu kecet-kecet masakna teh..ari nyieun sayur sup mah manehna biasa, ngan siga nu aneh lamun kudu aya ceker hayamna. Waktu rengse diwidang, meuni ngeunah rasana eta sayur teh. neupi ka anggeus dahar, pamajikan hiji oge henteu katinggali nyokot ceker hayam tina piring dina meja. ari kukuring ditanya, "nggak suka ya,? jawabna teh.."iya.. orang sini nggak makan ceker. ini kan kotor, kaki ayam kan sering masuk tempat kotor-kotor. " Malah cenah, lamun pas aya mitoha nganjang ka imah, ulah nepi ka kapanggih nyayur ceker, bakal bendu. anakna 'diparaban' ceker... Bener pisan, pas mitoha ka imah , kaparengan aya ceker hayam di meja makan. langsung haharewosan ka pamajikan. saha cenah nu ngadahar ceker? salaki maneh? nepi ka ayeuna, mitoha sok seuri jeung bibirigidigan lamun urang meuli jeung dahar ceker bari disop. hiji waktu, meureun pamajikan panasaran, naha ari saya ngadahar ceker siga nu ngeunah. gap weh manehna nyokot hiji, terus digegel ku biwirna siga nu ati-ati pisan. beak hiji, eh nyokot deui. antukna cecelebeukan meakeun sop ceker dina rantang. "A. rupanya ceker ayam enak juga ya," cek pamajikan ti harita jadi kabiasaan lamun meuli hayam sok menta cekerna. ngan meureun tukang dagang panasaran, sigana lain keur lele. pas nyahoeun urang lain urang aceh. tukang dagang eta hayam langsung surti. nalika saya menta ceker, bet dihargaan ayeuna mah geuning. malah waktu menta gratis, cenah pokna teh. "sekarang mah nggak digratiskan lagi, karena udah banyak yang minta," Beu !!! kanyahoan rusiahna... ====== Urang Aceh teu beukieun Ceker Hayang Urang Aceh teu beukieun Hulu Hayam Urang Aceh teu beukieun lauk Mujaer (Mujahir : bahasa Aceh) Urang Aceh teu beukieun tarasi (lamun nyambel pake kecap wae) Urang Aceh teu beukieun kurupuk (resepna emping) Urang Aceh teu beukieun asem (asem na pake balimbing wulu) Urang Aceh teu beukieun tempe (cenah eta mah kadaharan jelema miskin?) tapi ayeuna geus loba nu berobah utamina di kota, ngan lamun di kampung angger keneh kitu.. hiji mangsa lamun dulur-dulur ka aceh, sok we nyobian sayur plik uk atawa ngahajakeun ulin kanu hajat tiluna tujuhna, bakal aya masakan anu eusina siga runtah : aya bodogol cawu, aya nanggka, aya cawuna, aya daging embe..aya siki nangkana.. dihijikeun dikuwali.... . urang mimiti mah sarua murel ngadaharna. tapi ayeuna beut jadi kabiasaan ngeunah karasana.. kitu tah pamiarsa ....

