Perkara bedog deui bae. Wangun bedog dasarna mah aya opat rupa 1. tonggong lempeng, 2. tonggong bentik, 3. beuteung lempeng, 4. beuteung ngagayot ditambah varian tina nu opat. Ari wangun tonggong bedog aya tilu nyaeta 1. tonggong kuya, 2. tonggong munding, 3. tonggong rata. Aya deui sababaraha bedog nu make jegongan, nyaeta kurang leuwih 2/3 tina tonggong bedog rada disopak ti dua sisi, nepi ka ngawangun meh rada seukeut, henteu ari seukeut pisan mah. Tujuanana ceuk Pa Yoyo ti Galonggong nyaeta keur meulah kalapa kolot nu geus dipesek tapasna (batokna geus kaciri).Dina wilah bedog sakapeung aya nu make runcang, ngadekok manjang dina wilahna. Tujuanana salian ti keur variasi nyaeta keur jalan getih lamun eta bedog dipake meuncit munding, sapi, domba atawa sato gede sejenna. Ari wangun penampang (lamun wilah bedog dipotong tuluy ditingali wangunna) bedog disebut beuteung siraru, hal ieu teh nyokot tina rupa beuteungna sato nu ngaranna siraru. Bagian nu disaupkeun kana perah disebut buntut (istilah dina keris mah disebut pekis, mun dina kujang disebut paksi), ari seuseukeutna sok aya nu nyebut huntu. Ngaran wilah bedog nu klasik aya nu disebut paut sintung, paut nyere, kembang kacang, malapah gedang, janur, jeung nu lian deui. Lamun nyeueung tina ngaran-ngaran bagian bedog jeung ngaran wilah bedog, kacirina karuhun urang dina mere ngaran teh kacida raketna jeung alam utamana tutuwuhan jeung sasatoan. Ieu teh meureun lain mere ngaran kitu bae tapi tangtu aya maksudna diantarana lantaran ngarasa hirupna urang Sunda buhun lolobana ngamangpaatkeun alam nya meureun mere ngaran ge teu jauh ti alam. Tujuanana sangkan urang teh harmonis jeung alam, lain mergasa atawa ngaruksak alam.
Pakarang nu meh sarua jeung bedog lain bae aya di Tatar Sunda tapi meh aya di unggal daerah malah aya oge di nagara sejen. Upamana di Birma aya nu disebut dah atawa dha, di China aya dao, di Philipina aya kampilan. Geus puguh ari Kalimantan aya mandau, di Sumatra aya laduk, lubuk atawa candung (Lampung), di Jawa Tengah aya lading. Baraya sadayana, lantaran anggota Kusnet teh aya dimanamendi, cik sugan bisa mantuan keur babandingan. Lamun nu di Aceh naha aya pakarang nu siga bedog, kitu deui di NTB, NTT atawa dimana bae di luar nagri ge sawios. Lamun bisa mah eta informasi teh rada lengkep jeung bagian bagianana, kaasup gagang jeung sarangkana. Pangna menta tulung kitu teh sugan we kabiruyungan hayang nyieun tulisan nu rada panjang perkara bedog, lamun jadi mah hayang jadi buku. Hatur nuhun. MSasmita

