Ngotektak di Wiki Inggris, manggih istilah 'bolo', pakarang sabangsa
bedog bin golok dina basa Filipina (Tagalog: itak). Diucap2... bet asa
sawanda jeung golok nya, Ua... golok... bolo... golok... bolo...
http://en.wikipedia.org/wiki/Bolo_knife

On Tue, Oct 28, 2008 at 9:58 PM, MSasmita wrote:
>
> Pakarang nu meh sarua jeung bedog lain bae aya di Tatar Sunda tapi meh aya
> di unggal daerah malah aya oge di nagara sejen. Upamana di Birma aya nu
> disebut dah atawa dha, di China aya dao, di Philipina aya kampilan. Geus
> puguh ari Kalimantan aya mandau, di Sumatra aya laduk, lubuk atawa candung
> (Lampung), di Jawa Tengah aya lading. Baraya sadayana, lantaran anggota
> Kusnet teh aya dimanamendi, cik sugan bisa mantuan keur babandingan. Lamun
> nu di Aceh naha aya pakarang nu siga bedog, kitu deui di NTB, NTT atawa
> dimana bae di luar nagri ge sawios. Lamun bisa mah eta informasi teh rada
> lengkep jeung bagian bagianana, kaasup gagang jeung sarangkana.
> Pangna menta tulung kitu teh sugan we kabiruyungan hayang nyieun tulisan nu
> rada panjang perkara bedog, lamun jadi mah hayang jadi buku.

Kirim email ke