--- On Tue, 10/21/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat-15
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Tuesday, October 21, 2008, 11:51 PM







“Eh kunaon eta jelema teh ngalupruk teu pupuguh? Hayo ganti tah maneh duaan 
indit laporan ka juragan !" Tapi eta nu duaan oge karek rek indit geus ting 
jaloprak manten. 
Ayeuna mah Si Lima Jagoan Andelan teh kakara ngarasa hariwan, tapi cek di na 
pamikirna maranehanan kapan loba, moal enya kudu elh ku ngan ukur hiji jelema; 
ayeuna mah parenahna lain ngalapor, tapi ngaraponan eta Ki semah tea, 
dimimitian ku nu limaan ngabandring, nyabet ku pedang ngagebug jung sajabana . 
“Hahahaha, maraneh cacing cau bener bener ngajul bentang ku asiwung! Sok atuh 
aing Si Pedang Perak ayeuna bakal ulin ngabaturan arilaing sakeudeung mah." Eta 
Ki Semah nu ngak Si Pedang Perak teh, bari ngomong bari badanna mah melesat 
kaditu kadieu mani sakilat sakilat ku cepetna teu bisa ditenjo ku mata biasa 
mah saking kesitna, jeung luhurna Elmu Ginkang manehanana, nepi ka manehna 
melesat ka ditu ka dieu lir ibarat kilat tatit. Atuh sakeudeung oge lima Jagoan 
andelan teh geus tng jarumpalik, komo atuh anak buahna mah teu mangga pulia, 
malah Si Pisau Terbang mah katancep ku pesona sorangan narancep aya tilu, na 
leungeun jeung pingpingna; atuh kabehanan ting rringkuk bari hahargungan, loba 
oge nu kapaehan. Nu Limaan kakara sadar ayeuna mah , imget yen aya hiji Jago nu 
kaceluk ngaranna Si Pedang Perak; aduh ku naon aya ku gagabah ieu aing, padahal 
geus nempo manehna mamawa Pedang Perak, aduh ku naon teu ati2 wawanianan 
ngalawan Si Pedang Perak ?
 Maranehanana kacida hanjeluna; tapi dalah dikumaha kaduhung mah kapan tara ti 
heula.……. Maranehanana maksakeun maneh harudang rek ngacir, tapi....... kadenge 
sora nu gede komarana ti Si Pedang Perak…….. 
“Saha wae nu wani nnggalkeun ieu tempat, nyawana bakal ninggalkeun ieu dunya! 
Sok saha nu geus teu betah cicing di dunya !? Hayo saha nu hayang pangheulana 
kojor !?" Omongan jeung sora Si Pedang Perak kacida gede komarana, nepi keun ka 
kabeh anak buah Tilu Dewa sarieueuneun, euweuh nu wani kabur ninggalkeun eta 
tempat; sabab geus pasti eta omongan bakal dibuktikeun jeung tangtu Si Pendekar 
Perak bisa ngalaksanakeunana, mungkin oge hiji dua aya nu lolos, tapi saha nu 
hayang jadi wadal pangheulana paeh !? Kitu pamkirna eta para anak buah Si Tilu 
Dewa teh. Nya akhirna maranehanan palasrh we euweuh deui mu nyoba2 cenkat, komo 
lumpat mah. Nya tinggaloler we kabehanan oge, ari lolobana mah geus kapidara, 
teu inget naon2.
 
Hanca 



      

Kirim email ke