> From: "Irpan Rispandi" <[EMAIL PROTECTED]> > tapi naha lamun ngomong memek jeung kontol, reaksi jelema beda?
Kuring kungsi nempo acara dina TV, "pergaulan" Suku Anak Dalam ( Suku Kubu) di Sumatera. Ceuk panalungtik suku terasing ieu, barudak Suku Anak Dalam, dina ngobrol soal "seksual" teu aya nu disumput salindungkeun. Beledag-beledag we kaasup soal hubungan indung-bapana. Jadi pada dasarna hal ieu dianggap hal nu wajar sarta alamiah. SIgana kitu oge urang Sunda jaman baheula. Ti iraha hal ieu jadi "tabu"? Sigana ti saprakna asup budaya "kulon", boh budaya Eropa atawa budaya Timur Tengah. Urang Arya nu numuwuhkeun etika dina urusan seksual, sagala disumput-salindungkeun. Mangga tingali dina Basa Inggris, alat kelamin teu disebut saujratna tapi disebut "cunt", "dick" ...jrrd. Di abad ka 18-19, di jaman Ratu Victoria marentah Inggris, sikep nyumput nyalindungkeun urusan seksual teh mahabu di Eropa. Ceuk cenah kulambu ranjang atawa taplak meja nu ngagapuy tepi ka handap nutupan sukuna, disebut gaya Victorian. Sabab jaman harita, suku meja atawa suku ranjang ge dianggap "porno", jadi kudu ditutupan. Urang Walanda nu di Indonesia ge kitu, penduduk bumiputera nu teu dibaraju dianggap teu sopan, ngadeukeutan porno. Aya gerakan dibaju supaya katutup. Urang Bali dianjurkeun marake kutang. Akibatna, ku pangarauh ieu, kecap-kecap nu nunjukkeun alat kelamin jeung hubungan seksual, disalenggorkeun, da lamun saujratna mah dinaggap porno atawa teu pantes. Jadi, Sanes kulantaran diskriminasi Kang Irpan ...... Baktos, WALUYA

