Sarabunis Mubarok KOHKOL KAI NANGKA : Alm. Ajengan Ujer
ti juru masigit ngelentrung kohkol nu leungit ti alam mana éta sora marebot mana nu nakolna tunggul nangka raga sésa sarusiah jeung tongtolangna kohkol ilang tanpakarana pareng marebotna tilar dunya béja kanceuh pinuh lalawuh jalma-jalma silih teguh ka mana lesna anjeun nu sok ngagentra ieu masigit suwung kacida kahieuman ku dodoja ka mana jigna rakaat pameungkeut mangsa ieu sajadah remen digebah paimaran haben marudah kana tunggul kai nangka jalma-jalma ngésérkeun dunga unggal subuh tuwuh sirungna geutahna liket jeroen dada sarungsum hiji pakéwuh kaborogod ku bangbaluh ti juru masigit ngelentrung deui kohkol nu leungit ti alam haté éta sora marebot iman nu nakolna Singaparna, 2008

