> From: Mamad Ahmad > emang akang sanggup tah ngurus eta budak,yeuh kang lainmasalah > tuangna,tapi psikologina, sok geura pikiran sing anteng. > daripada eta > budak streess engkena leuwih alus teruskeun jeung sigrandong.munteu salah > mah budakna oge ngarasa senang > lain
Matakna Pa Syeh teh kudu diadili lain diantep. Keun hakim nu mutuskeun, sabaraha taun dipanjarana, jeung sabaraha ganti rugina ka eta Budak. Alusna budakna teu kudu dibikeun ka kolotna deui, tapi jadi tanggung jawab nagara. Lamun nagara ngantep, siga ngabenerkeun, padahal kasus kawin dibawah umur teh diurang loba pisan, padahal ieu salah sahiji nu nyababkeun "kamaksiatan" alias prostitusi. Salah sahiji daerah nu loba kasus kawin dibawah umur Indramayu. Akibat kawin budak keneh, rumah tanggana teu eucreug, pepegatan, jadi randa. Randa di masyarakat urang, komo di lembur mah kurang dihargaan. Nya hijrah ka kota, jadi weh pelacur! Jadi, Pa Syeh teh kudu dihukum (oge kolotna budak!), keur conto ka balarea ........ Baktos, WALUYA

