Teu Hayang Nempo Rahayatna Pasea
Siliwangi
nu didongengkeun ngahiang harita,
dicaritakeun
ngaleungit harita,
dicaritakeun
jadi maung harita,
ku kaula geus
ditelekkeun kajadian nu sabenerna harita.
Kuduna jadi
conto aranjeun sarerea,
Siliwangi nu
nyaah ka rahayatna,
teu hayang nempo
rahayatna pasea,
teu ngan ukur
ngabelaan diri nyalira.
Milu nalangsa
mun rahayat nalangsa,
milih
ninggalkeun kawasa batan rahayat tunggara,
milih
ninggalkeun banda batan ngeunah nyalira.
Harta banda
pamere Nu Kawasa hey Urang Sunda,
moal matak
sangsara mun mere saeutik kanu sejena,
teu kudu jumawa
pedah loba harta banda,
raja anjeun teu
nurunkeun sipat jiga salira.
Jang naon
ngarasa leuwih luhur tinu liana?
Kunaon
ngumpulkeun pakaya nepi teu inget ka sasama?
Teu cukup kaula
mere conto ku carita?
Dina kasenangan
aranjeun loba nu keur ngalaman sangsara sakulawarga?
Atawa aranjeun
nyangka kaula nyarita teu sapira?
Atawa aranjeun
nyangka kaula teu wasa menta ka Nu Kawasa?
Nasib nu loba
banda ngadadak jadi sangsara?
Atawa aranjeun
kakara percaya mun kaalaman ku salira?