--- On Wed, 10/29/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat - 18
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "padhangmbulan" <[EMAIL PROTECTED]>, "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Wednesday, October 29, 2008, 8:48 AM
“Eueueuh enya eta tokoh teh geus lila tara kadenge ; cek beja manehna geus
ngageumpeurkeun Kalangan Kang Ouw; lantaran bisa maling Pedang Pusaka ti 6
Paguron Gede; tah manehna teh keur diteteangan ku Bu Tong Pay; Siau Lim Pay;
Kun Lun Pay jeung nu sejenna deui; tapi nepi ka kiwari can wae kapanggih
raratanana; sarua we urang teh neangan jarum didasar situ, mun urang hayang
ditulungan ku manehna mah; tah ayeuna kumaha nyanghareupan Si Pedang Perak?”Ong
Kiok Louw Si Toa Sian atawa Dewa kahiji nanya ka nu rempeg didinya.
“Masing kumaha saktina oge nya ku urang kudu disanghareupan we babarengan
!" Khong Kong Jie ngomong mere sumanget.
“Enya lah; urang oge pan lain cacing cau; urang koroyok weee, bisa naon
manehna, lain ?!" cek SieThian Toojin ngadukung ; nu ditarima ku nu kumpul
harita pinuh ku sumanget nu optimis pisan. Keur kitu ujug2 aya nu nyikikik jiga
nyeungseurikeun maranehanana; atuh ieu jago2 silat nu kumpul teh gancang mani
rikat laluncat ka na suhunan nyidikkeun saha2na nu wani nyeungseurikeun ka
maranehanana .
Tapi sanggeus ubek2an ; teu kapanggih kalangkang2na acan; sanggeus lila mah
maranehanana teh baralik deui we asup ka tempat riungan tadi; bari ambek jeung
oge ketar ketir da meureun nu bieu teh tangtuna ge Si Pedang Perak; moal saha
deui atuh. Mun kitu atuh memang kacida hebatna eta Si Pedang Perak teh. Kitu
cek pamikir eta jago2 teh .
Eta jago2 Silat teh geus samiuk rek ngalawan satekah polah, teu paduli Si
Pedang Perak sakti manggulang mangguling oge, pokona rek diraponan , Si Racun
Kidul dijadikeun andelan pikeun ngagunakeun racun ngalemahkeun ieu musuh; ;
disakuriling markas oge geus disebarkeun pitapak2 keur ngaganggu ka Si Pedang
Perak lamun datang. Sanggeus sagalana diatur maranehanan siap2 ngadagoan musuh
nu bakal datang ngajorag ka tempat eta.