Bah, kamari nyoblos di mana. TPS no baraha?
Milih saha? Mang Obama atawa Aki McCain..hahaha

Ceuk sabaraha urang, sakuduna urang boga hak nyoblos nalika Amerika rek
pemilu.
"Naha?"
sabab sagala kawijakan maranehna gade pisan pangaruhna ka urang.
"Leres?"
tinggali tur rasakeun. nalika Amrik oyag ku krisis perduitan, geuning dolar
langsung nerekel. Harga Minyak bumi nyirorot.
Jadi we, alhadulillah, BBM rek turun.
"Naon deui?"
Nya loba atuh. saperti gaya hirup (baca: gagayaan), film, jrrd.
Dina sisi kawilayahan teu masalah. Sabab Antartika anu jauh oge geunng jadi
bagean Amerika.
Matak wajar jeung pantes, bareto, Presiden Riau Merdeka rek ngadaftarkeun
Riau jadi nagri ka 51 Amrik.

"Tapi kunaon bet jad hayang nyoblos presiden. pan teu terdaptar di KPU
Hafidz Anshari?"
Nya bae.

Baktos
Tantan



On Mon, Nov 3, 2008 at 12:51 PM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   opat belas abad ka tukang. kami geus kungsi ngomong:
>
> "poe ieu, dunya ku kami geus disampurnakeun, sampurna
> sasampurna-sampurnana,
> ka sing saha wae nu wani, ngahaja boh teu ngahaja, nambahan atawa
> ngurangan, boh disalabarkeun atawa ukur disidemjero
> siapkeun we awak sakuat-kuatna, di aherat tempat nyipuh dosa
> saendengengdeng geus sayaga keur maraneh!!"
>
> kiwari kami ge geus ngirim tukang tagih dosa, laskar-laskar jeung
> front-front, bisi maraneh teu kuat nangdangan siksa sakalian, jaga!
>
> kami,
> P....
>
>>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
> 
>



-- 
tantan hermansah | SM 1270

Kirim email ke